Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Rabu, 30 Maret 2011

HUMOR PASANTRÉN-MÉNGBAL


HIRUP di pasantrén, bener-bener ngadidik kamandirian parasantri. Teu deuk kitu kumaha, atuda sagala kudu dipigawé ku sorangan. Ti mimiti masak, nyeuseuh, ngumbah piring, bébérés urut saré, bébérés kobong (kamar). Malahan kadang-kadang ngabantosan bébérés di bumi Mama Ajengan lamun seug kabagéan pancén gawé. Da digilir, biasa di pasantrén disebut patrol.
Sabataé capéna, apanan ngaji ogé unggal waktu. Rérés salat subuh ngaji Al-Quran bareng saréréa di masigit, nepi ka wanci haneut poyan. Geus salat lohor ngaji nahwu. Geus asar tasripan, Geus magrib fikih. Terus nguriling kitu unggal poé. Kabayang meureun kumaha capéna.
Tapi sok sanajan kitu, Mama Ajengan méré peré, dina poé Kemis jeung Jumaah. Puguh wé poé Kemis jeung Jumaah téh, dua poé anu ditunggu-tunggu pisan ku parasantri mah. Dina dua poé éta, rupa-rupa polah parasantri. Aya anu ngadon ka pasir néangan régang jang ngaliwet, aya anu balik ke lemburna seja nyiar bekel ka kolotna, tapi aya ogé anu cicing, gégéléhéan di masjid, bari mutolaah macaan pangajaran anu geus diaji ku maranéhanana.
Kateuing kailhaman ti mana. Hiji mangsa, dina poé Kemis, barudak santri kalah ayeuh-ayeuhan maréngbal di pipir kobong, dina sawah garing anu can dipelakan paré. Mama Ajengan ngaraos kabaribinan, terus nitah Lurah Santri nyarék ngarah barudak santri tong gandéng teuing.
Abong cék paribasa, sajeungkal sok jadi sadeupa, sadeupa jadi sajeungkal. Lurah Santri, anu satadina ku Mama Ajengan dititah nyarék barudak santri ulah gandéng teuing, lain deui dongéngna. Sérénténg ngadatangan barudak santri anu keur aranteng suka bungah maréngbal. Geus anjog pok nyarita:
“Barudak! Ka darieu!”
Barudak santri anu keur meujeuhna ragot méngbal, reg areureun, bari panon mencrong ka Lurah Santri jiga anu nganaha-naha.
“Aya naon Kang?” Budak anu pangkolotna ngawani-wani nyarita.
“Ari silaing teu apal, deuleu?” cenah bari tipupuncereng.
“Teu apal kumaha?” ampir bareng naranya.
“Bisi saréréa teu apal, méngbal téh mimitina ti carita palaputrana Sayidina Ali. Hasan sareng Husén. Basa perang campuh marebutkeun bebeneran, mastaka Sayidina Hasan sareng Husén ditunggel jangga ku musuhna, mastakana dugi ka paragat. Tah ku musuhna, mastaka Sayidina Hasan sareng Husén dialungboyongkeun jiga maranéh ayeuna keur maréngbal. Jadi lamun aranjeun ayeuna maréngbal, sarua jeung najongan mastakana Sayidina Hasan sareng Husén! Ngarti?” Lurah Santri cumarita panjang lebar.
Carita babaturan kuring di Cibadak-Kab. Sukabumi-Jabar

Tidak ada komentar: