Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Rabu, 09 September 2009

PUISI-PUISI DURIAT SUNDA

Eunteung Katineung

layung koneng namperkeun katineung
duriat geus mangsana manjangan, jungjunan
nyangsaya nyarandekeun hate
teu wasa, ngelemeng kasaput simpe
ngagerihan, muntang hariwang

didieu pisan, cihujan nyangkaruk dina lamunan
naha imutna bet teu raat-raat
rumingkang mawa napak tilas
mangsa dua rasa ngagalura
pirang-pirang kalangkangna
miripis mungkas tembang girimis

gulinggasahan, cuang cieung ngarasa keueung
nedunan katresna, ngagugulung kasono
kamemelangan…

layung koneng namperkeun katresna
namper wening jadi eunteung katineung
aya duriat nu manjangan, jungjunan
beueus rasa ku kumelip kiceup kaasih nu lawas
mugia manjang, mugia salawasna aya dina ridho Gusti

Hanas diri bungah ati
nganti jangji pasinina
harianeun pasini pegat di jalan,…duh geuning
balukarna tina asih malih warni jadi peurih
Impian biheung kasorang,…jungjunan
hariring ati nu kingkin….

Hanas diri dinyari-nyari
nganti panggih kapaut ati
harianeun anjeun, Jungjunan, meuntas leupas…
Duh geuning cinta mah pinuh rusiah
mipit langit ku hate nu lungse, Gusti
bagjakeun jungjunan ati

Goong teh kaimpi totos
duka naon balukarna
kajeun teu wawuh jeung dulur
kajeun anggang jeung baraya
tinimbang heunteu laksana
diri abdi jeung anjeunna,….geuning
raga iklas bibilasan….

Bagja kacipta, kasura tunggara
Duka naon rusiahna
Sawang kamelang malang kahayang
Nurih hariring kapeurih unggal peuting
Meusmeus ngejat meupeus munajat
Ngalanglayung satungtung can tepung
Naha atuh bet ngarasa jauh
Cinta mah moal lapur ku umur,
moal kungsi angkeub ku wanci…

Tidak ada komentar: