Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Selasa, 09 Juni 2009

Tatarucingan Basa Sunda

Nyanggakeun ieu tatarucingan, étang-étang hiburan wé. Ka nu badé ngawaler, mangga baé serta dina komentar, luyu jeung nomerna. Jawaban nu leres (nu teu leres gé) engké dipasihan hadiah. Hadiahna du’a wé nya, mugia sing panjang yuswa, sing ageung rejeki, sing laksana naon nu dipikahoyong, sing salamet dunya ahérat. Amin.

Ieu sisindiran kénging nyutat tina buku Tatarucingan, Yu yasana Hadi AKS (Pamulang, 2006).

1. Maké baju bodas lain dokter, make topi héjo lain tentara. Naon?
2. Hayam naon anu sukuna sarébu?
3. Diubek ditéangan, geus kapanggih dipiceun. Naon?
4. Naon sababna lamun tumpak mobil sok nundutan?
5. Sato naon anu teu bisaeun mundur?
6. Bangku naon anu bisa didahar?
7. Cing pangnyebutkeun 5 rupa ngaran bungbuahan anu sok didahar, sakali nyebut!
8. Batu naon anu teu aya di cai?
9. Oray naon anu teu bisaeun ngaléor?
10. Jalma naon nu sukuna tilu panonna opat?
11. Di luar konéng, di jero bodas, nu apaleun monyét.
12. Hayam naon anu sukuna hiji?
13. Bapana udud, indungna nyeuseuh, anakna ceurik.
14. Gajah tumpak béca, gedé naonna?
15. Baso dibalikkeun jadi naon?
16. Awakna leutik pisan, sirahna gedé pisan.
17. Nini-nini bongkok kumaha saréna?
18. Piring naon anu bisa dipaké nempo bulan?
19. Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?
20. Naon sababna ban mobil tina karét?

Urang Sunda, pangpangna barudak, sok resep tatarucingan. Jaman béh ditu, duka ayeuna mah. Ieu seratan mangrupi tatarucingan Sunda dina wangun paguneman (dialog), kénging ngempelkeun tina Majalah Manglé. Nyanggakeun.

Bénjol, “Uing boga tatarucingan, Sro, alus téh. Munu’u-munu’u dibeulah aya sikian, naon cing?”
Usro, “Ah, manéh mah ari geus kitu téh, baku.”
Bénjol, “Lain geus kitu geus kitu, nyaho teu?”
Usro, “Teuing ah…”
Benjol (bari ngaléos), “Waluh, monyong!”

Tita Sundawati, SMP Muhammadiyah 2 kls 3 A, Jl. Semar No. 5, Bandung. Mangle No. 893, 9-15 Juni 1983.

Lina, “Mil, ditoél ku curuk ngadelewo, ditakol ku palu beusi ngabelentrang, naon cing?”
Mila (ngahuleng), “…teuing, ah.”
Lina, “Tikotok dina tihang listrik…”

Usep Sudjati, Jln. Dr. Muwardi No. 155, Cianjur. (Mangle No. 891, 26 Mei- 1 Juni 1983).

Aka, “Coba teguh Dé. Hulu Hawuan, Buntut Huntuan?”
Ade, “Ah teu asup akal tarucing téh. Taluk ah.”
Aka, “Huh dasar otak udang. Nu udud padudan.”

Mamat A.S., Kam. Binawarga RT 08/II, Kalijati Timur, Subang. (Mangle No. 910).

Ohi, “Boga duit sarébu kacokot lima sén, naon basa Cinana?”
Ade, “Kacocéng.”

Hilman Kawinata, Siswa SGON, Kuningan. (Mangle No. 792).

Maman, “Mun, naon bédana leuweung jeung istri?”
Mamun, “Teuing atuh, naon éta mah hésé geuning.”
Maman, “Leuweung mah teu aya istrian, ari istri mah aya leuweungan.”
Mamun, “Dasar burahol manéh mah.”

Aceu, Jln. Sunda No. 41, Bandung (Mangle No. 1010).

Otang, “Téd, naon sababna jelema mun digeroan sok ngalieuk?”
Tédi, “Da bogaeun beuheung atuh, Tang.”
Otang, “Salah ah.”
Tedi, “Ku naon atuh?”
Otang, “Sabab jelema mah teu maké … kaca spion.”

Dede Moh. Djamal, SMPN Rancaekek Kls 3 A, Jln. Raya Rancaekek, Bandung (Mangle No. 899).

Masduki, “Tra, ari ban mobil aya sabaraha hiji?”
Cantra, “Nya opat atuh.”
Masduki, “Heueuh. Mun mobil keur mundur, ban mana nu teu muter?”
Cantra, “Nya kabéh gé muter atuh.”
Masduki, “Aya nu teu muter Tra.”
Cantra, “Ban naon?”
Masduki, “Ban sérep.”

Iim Hilman, Jl. Otista, Gg. Mawar No. 905, Subang (Mangle No. 900).

Kang Dudi, “Cobi Kang Toto, pangbéntenkeun korma sareng Karma.”
Kang Toto, “Anu leres mah upami korma nami buah-buahan, nanging upami Karma nami jalmi.”
Kang Dudy, “Muhun leres kitu, nanging waleran ieu mah kirang ilmiah.”
Kang Toto, “Janten waleran anu ilmiah kumaha?”
Kang Dudy (bari heureuy), “Ari korma sikina hiji, namung lamun Mang Karma sikina dua.”

Dedy Rochendi, Wanasigra TI, Balikpapan (Mangle No. 989).

Ismét, “Sri, naon sababna jalan Jagorawi disebut jalan tol?”
Sri, “Lantaran jalanna lempeng.”
Ismet, “Salah.”
Sri, “Kutan?”
Ismet, “Sabab nu nyieunna lalaki, lamun nu nyieunna awéwé mah tangtu ngaranna teh…..”

Nana Mulyana, Jl. Abadi No. 190 B, Komplek KPAD Gegerkalong, Bandung. (Mangle No. 870).

Uding, “Urang tatarucingan, yu!”
Ading, “Hayu, sok lah ti dinya heula.”
Uding, “Cing, raja naon nu sok ceurik baé?”
Ading, “Raja céngéng, lah.”
Uding, “Salah euy, lain éta.”
Ading, “Naon atuh?”
Uding, “Nya Rajagukguk anu ti Médan téa.”

Mutia, d/a Ny. Atih Jumiatih, Jl. Lodaya 19 Bandung. (Mangle No. 1040).

Ii, “Buah naon anu panjang, konéng, amis. Tapi anu nyaho ngan semet monyét wungkul?”
Aa, “Cau lah.”
Ii, “Tah geuning nyaho, hartina manéh téh….”

R. Candra Resmi, Sukasari No. 37, Sindanglaya, Pacet, Cianjur 43253 (Mangle 1036).

Yani, “Lamun dicabak emoy, di jerona aya kacangan, naon cing?”
Reni, “Ari mimitina tina naon?”
Yani, “Hurup ‘m’ tungtungna ‘k’.”
Reni, “Embung ah jorang.”
Yani, “Da martabak hoyah!”

Mia Nuryantie, Jl. Dr. Sukarjo No. 18, Tasikmalaya. (Mangle No. 999).

Dudi, “Pulo naon nu jadi dulur urang?”
Asep, “Pulo Bali.”
Dudi, “Pulo naon nu sok ngudagan najis?”
Asep, “Morotai.”
Dudi, “Pulo naon nu teu meunang diasupan ku nu can nikah?”
Asep, “Teu nyaho.”
Dudi, “Nusahiji.”
Asep, “Geuning….?”

Awik Suhandarna S., Sub Balai PPA Jawa Barat, Jl. A. Yani No. 276 Bandung. (Mangle No. 1001).

Adik, “Tarasi naon nu panggoréngna?”
Ikin, “Tarasi? Tarasi Tegal atawa tarasi Cirebon?”
Adik, “Lain éta, kapan éta mah tarasi anu pangeunahna téa?”
Ikin, “Na tarasi naon atuh?”
Adik, “Taluk Ikin ka Adik? Da tarasi-beungeut hoyah!”
Ikin, “Lah nyindiran ….”

E. Ermansyah, Jl. Nyengseret No. 22 Bandung (Mangle 109).

Nanging ieu mah tatarucinganana dina wangun wawangsalan. Perkawis wawangsalan, tiasa diaos artikelna di dieu: http://daluang.com/wawangsalan/

1. Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima téh teuing.
2. Abdi téh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah teuing.
3. Abdi téh kapiring leutik, kaisinan ku gamparan.
4. Ajag désa basa Jawa, naha bet kalangsu teuing.
5. Alun-alun lamping pasir, bulak-balik siang wengi.
6. Anak beurit dina karung, kapan Endén mundunt encit.
7. Anak sapi leutik kénéh, tingsérédét kana ati.
8. Beulit cingir simpay réma, ulah lali ka sim abdi.
9. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi.
10. Renyu lambey wiru biwir, siang wengi kapiémut.

Tidak ada komentar: