Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Selasa, 09 Juni 2009

SAJAK-SAJAK SUNDA

TI RAMADHAN KA RAMADHAN
1.
Sumuhun. Didugikeun deui abdi ka Ramadhan
Sanajan badan rambay ku barebedan
Dosa-dosa nu kapapay tacan kungsi katobatan
Diparengkeun deui ayeuna datang ka lawang kasucian

Sumuhun. Dipaparin deui abdi kasempetan
Sideku nyuuh dina amparan pupuhu bulan
Bari diri hanyir getih. Baloboran ku rupa-rupa doraka
Kanyaah Gusti, geuning sakitu pohara

Maha Kawasa Anjeun, ya Robbana
Nu nebihkeun malakalmaot ti umur abdi ayeuna
Abdi puasa kalayan direjekian sagemblengna
Abdi buka kalayan direjekian taya kirangna
Abdi ditangtayungan. Dijaga diraksa. Ditatap diusap
Maha Berehan Anjeun, ya Wahhab

Padahal abdi tan kendat maksiat
Padahal abdi taya lirenna hianat
Ngabur mangprung kanirca diumbar diabur
Maha Pangampura, Anjeun, ya Goffur

Mugi abdi dilebetkeun ka nu kenging rohmat
Sanaos ukur kekebul dina gorombyangan jagat

Allahumma inni as’aluka bi rohmtikal lati
Wasi’at kulla syai’in antaghfiro lii.

2.
Girimis langit. Girimis tangis
Jadi hinis. Nyebitan rereged diri
Nu teu euih-euih. Ngongkoyangan jiwa dareuda
Peurih liwat ti peurih. Bet teu euih-euih
Nalangsa tinggal nalangsa

3.
Wates lahan mulang geus ketembong
Kawas panonpoe moncorong
Nojo panon. Da ngan sahontaleun
Ngan napsu jeung rasa marakayangan
Ngaberung teu eureun-eureun

4.
Padahal aya nu ngajega megat
Malaikat. Malaikat. Malaikat
Ngintip-ngintip ku cameti
Rek lumpat, lumpat ka mana”
Pajaratan masih lega ukur keur hiji raga
Rek kabur samemena
Moal isuk moal jaga
Ancaman ajal datang tumiba

Ngadago panggero
Ka kalbu nu ayem tengtrem
Ngan naha bari jongjon bogoh sono
Ka buana poek peteng.


KOMPUTER NGAHIUNG

Jorélat hurup nyentakan kiceup
Siga sora anjeun basa poé éta
Maragatkeun kolébat balébat
Dina inghak pegat-pegat

Dina monitor panon anjeun banjir kacidra
Siga sorot nu teu kendat jajaluk
Neang sakeclak piwelas
Huntu anjeun lir ngulincer
Néang longkrang lebah mana
Céda kuring nu gudawang

Rébuan hurup geus ngaruntuy
Nyambung ti juru ka juru
Kolotrakna sora kéyboard
Ngaguruh jadi tatabeuhan
Nu madungdungkeun lagam durma

Rébuan hurup baranahan
Ngagugulung minuhan layar
Tuluy ngabring néangan di mana nya
Kudu nyamuni
Aya hardisk nu gugupay
Hawar-hawar kipasna kokocéakan
Prosesor mungguh ngabiur
Melesat hayang ngolah pirang-pirang kahanjelu

Hurup-hurup ngabring silih sedek
Ngagulung di unggal juru
Ngabayak di unggal logak
Tuluy geruh silih tunjuk

Tina monitor
Hurup-hurup moncor paantay-antay
Jadi ramo anjeun nu kukuna mungguh paranjang
Gupuy-gapay siga nyiar pamuntangan

Komputer mungguh ngahiung
Basa ramo anjeun
Lalaunan eunteup dina mouse

4 komentar:

KIW mengatakan...

mantep pisan eta nu judulna komputer ngahiung

KIW mengatakan...

mantep pisan eta anu judulna komputer ngahiung

Abiirrr mengatakan...

Panjang ametz...hihihi..!! sorry nii.. q copy sajak bwt tgs.

Unknown mengatakan...

indah pisan puisina kang izin copas