Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Kamis, 14 Oktober 2010

Katiruk Jajantung (CARPON)


Asa sidik keneh komputer nu masih hurung ngabagug hareupeun irung. Geus meh sajam hayoh huleng jentul neangan naon tuliseun… weleh teu kapanggih. Hayang nulis carpon kuring teh kawas bareto. Kawas kamari. Kawas waktu nu katukang-tukang. Pan enteng, teu karasa hese teusing. Na ari ayeuna? Kuled uteuk teh. Ku teu daek manggih tuliseun. Lila-lila mata karasa jempet. Teuing geus sabaraha pentul korek api dipake ngadogong mata sangkan ulah ngalikup bae. Ulah peureum deui-peureum deui. Teu katahan… mata keukeuh ngalikup. Bulu panon nya hees tibra bari angger diuk nyanghareupan komputer nu teu bisa pajah kumaha.

Ret ka kenca ret ka katuhu. Teu aneh teusing. Kabeh eta patempatan asa geus kungsi katincak. Ngan iraha? Keur naha kuring kuring ka ieu patempatan teh? Ka teh teuing! Bet asa inget-inget poho. Bet asa na alam pangimpian. Panasaran bisi kawas nu enggeus-enggeus. Katipu bolongkotan. Hanas bungah ajrag-ajragan. Bet geuning aya na alam pangimpian. Moal. Dewek moal waka percaya. Bisi bener ieu teh alam pangimpian, Pi Pemim hayoh gegerendengan sorangan basa sadar manehna ngangkoyot dina rungkun hiji taman di jura kuta raja. Teuing kumaha, antara sadar jeung henteu, awakna nu ngajorelat siga nu dialungkeun ti langit ngadon ngagedebut di eta tempat. Jeletot nyiwit maneh…, tarik teuing ningan nyiwitna. Mani peureus. Bolecet. Tel ngaletak ciduh tuluy diusapkeun kana tapak nyiwit tea. Huleng deui.
Ret deui ka kaler. Ret ka kulon. Ngidul. Belenyeh seuri. Kuta Raja…! Bener ieu teh Kuta Raja ningan. Tuh wawangunan jarangkung. Gedong-gedong sarigrong. Monumen ting jalegir mapaesan ieu kota. Naha bet simpe? Ka marana manusa? Ret deui manehna nyidik-nyidik sabudeureunana. Ah, apan biasana oge di kota mah sok rame. Rea jalma ngadon daragang. Rea jalma nu ngalantor. Nu arulin. Nu kuli. Malah nu baramaen oge teu saeutik. Naha bet wayah kieu masih simpe. Naha harees keneh kitu? Cenah kota mah tara peureum. Salilanan estu bareunta bae taya beurang taya peuting. Ngarudag-ngudag dunya jeung kakawasaan taya reureuhna!

Pi Pemim nguniang hudang sabada sajongjongan ngadon cimblekblek na juru kota tayohna ngarasa linglung. Katalimbeng. Lebah dinya, tempat cicing manehna ayeuna, ku matak hemeng. Naha jukut bet gararing padahal mah usum hujan. Jadi ku jadina, tapi naha teu jeung hejona. Rajeun aya ka tempo hejo, tapi ningan jiga teu jeung ngemplohna. Jiga paeh, euweuh pituduh hirup huripeun. Pon kitu deui sabudeureunana, tatangkalan, wangunan, jalan nu ting arembat naha karasa asa geueuman. Jiga-jiga loba nyawa nu nyalangkaruk di na unggal eta patempatan jadi tumbal kasarakahan hiji jalma nu kungsi ngawasa eta kota. Kota lir euweuh dangiangna. Kota teh bet asa narik kolot!

Dakadala bener kitu itu teh manusa? Pi Pemim ngorejat, asa teu percaya ka na tetenjoanna sorangan. Lebah Wetan tingdarigleu loba jalma. Najan rada anggang ti manehna, tapi manehna bisa nenjo kalayan atra. Jalma-jalma balawiri. Lar sup di eta patempatan. Tempat ngantor para inohong jigana mah. Kaciri jalma-jalmana garinding. Di darasi, sapatu, paselang jeung nu marake saragam jiga-jiga barisan kaamanan – samakta pakarang. Mmh, abong tentara kasebutna mani jarangkung badag. Tegep. Garagah naker. Tapi naha kabeh oge jiga nu areuweuh bareungeutan, nya? Renghap Pi Pemim narik napas jero. Bulu pundukna karasa muringkak. Najan kareuwasna teu kawas tadi mimiti, nu sapanyangka manehna mah eta kota teh mustahil aya manusa nu kumelendang. Rek teu kitu kumaha. Harita manehna teu nempo ciri baris aya kahirupan. Teu kabayang pisakumahaeun teuing jadina mun manehna hirup nyorangan di eta patempatan. Barang nenjo loba jalma mah rasa kareuwas nu tadi ngalimpudan dadana, teu wurung rada bungangang. Keun cenah najan nempo jalma nu karitu oge, da sidik eta teh manusa. Tapi naha aya jelema teh bet pikasieuneun. Eta ku jiga areuweuh beungeutan! Naha bener maranehna teh manusa? Nilik papakean mah apan kudu kumaha estu rapih, beresih, garagah… Naha beubeungeutanana kawas kitu? Tuh geura mun keur seuri kawas teu nyari. Nu katempo ngarenyu kawas lain biwir, da sidik lain lebah dinya biwir mah. Mata jaleer beureum. Ehh, bener kitu tateh matana? Hiiy…! Tetela ningan kaayan kota ongkohanan bet asa matak hariwang pikeun nu anyar nincak mah. Najan mimiti baraliri kendaraan. Malah nu daragang, nu arulin jeung rea-rea deui katenjona mani ngadeugdeug. Kaayaan tempat nu tadi simpe ngadadak rame pisan. Ngan teuing kumaha angger kota teh bet asa euweuh dangiangan. Badis asa di kuburan bae! Pi Pemim kalah muringkak bulu punduk. Tuluy gegereyeman jajampean sabisa-bisa sangkan ulah kabawa kusakaba-kaba. Orokaya nu nempo peta manehna kitu kalah nyaleungseurikeun, tayohna jiga nu aneh nakeran. Kehed na kalah nyeungseurikeun ka dewek mangkeluk teh! Pi Pemim kutuk gendeng sorangan bari mureleng ka anu ngalaliwat bari teu weleh ting rareret ka manehna.

“Saha silaing, kehed?” Pi Pemim ngajorowok ka nu ngaliwat.
“Naha anjeun anyar pinanggih sasauran teh mani garihal kitu?” tembal maranehna meh bareng.

Pi Pemim sajongjongan ngahuleng. Hatena galecok. Naha mangkeluk nu rupa kawas bengis teh nyaritana mani handap asor kitu. Teu surup kana rupana. “Punten, dulur. Kuring teh kalangsu. Katalimbeng. Na kota naon ieu ngaranna?” cek Pi Pemim rada ngabelehem.

“Ke ari ki dulur nu ti mana?”
“Ah, kuring mah ti nu anggang, dulur. Urang kampung bau lisung. Rahayat leutik kuring mah.”
“Ah, sami bae urang kota oge.” Maranehna mesem. “Sanes ari akang ningal nu murag ka lebah dieu?” pokna deui jiga nu mindahkeun catur.

Nalek asal-usul jiga nu embung kapapanjangan.

“Nu murag?”
“Muhun nu murag. Sajorelatan pisan ragrag ti langit ka beh dieu. Rupana ngempur lir emas sinangling!” cenah deui bari ting karoreh bangun nu panasaran. “Di kota mah nuju rame milarian pulung, Kang!”
“Pulung?”
“Leres.”
“Naon pulung teh?”
“Cek beja kolot baheula mah pituduh kauntungan. Kabagjaan. Ciciren nu baris menang kalungguhan. Mun eta cahaya ngajorelat murag ka hiji jalma atawa imahna tinangtu eta jalma baris meunang kasinugrahan. Calon menak!” Nu rada kolot ngajentrekeun. Daria. Pi Pemim ukur olohok. Bet asa inget cek kolotna baheula. Sarua ningan urang kota oge aya hiji kapercayaan samodel kitu. Na da kuring mah teu percaya teusing, gerentes hatena. Teu asup akal keur kuring mah. Teuing pedah kuring jalma leutik. Urang kampung bau lisung. Urang kota mah ningan dipupujuhkeun nakeran nu kitu teh. “Na kumaha kitu nu saleresna?”

“Oh, kieu dulur. Di Kuta Raja ieu teh uju rame seja milih Nu Ngawasa Rek Naon Bae Ngaranna…”
“Nu eces mah sanes raja, sanes?”
“Leres. Da sanes karajaan nagara urang mah.”
“Bupati panginten.”
“Teu langkung. Bade Bupati, Gubernur atanapi Presiden oge, nu jelas nu bakal ngawasa nagara atawa daerahna, di ieu kota mah nelah na teh Nu Ngawasa Rek Naon Bae Ngaranna.”
“Ohh, kitu, nya?”

Nu ngariung Pi Pemim ting tarunjuk deui ka manehna. Ari jalma nu pangkolotna minangka pamingpinna ukur gogodeg. Katenjo aya sorot mata nu ragu tapi pinuh ku panasaran.

“Kumaha Ketua, candak bae kitu?”
“Kelanan tong getas harupateun!” nu kolot molotot. “Saha ari jenengan Ki Silah?” pokna deui mencrong seukeut.
“Kuring mah nu katelah mah Pi Pemim…”
“Saha?”
“Pi Pemim.”

Nu ngariung kabeh gogodeg. Siga nu hanjakal pisan. “Benten sakedik, Ketua.” salah saurang nyarita deui.

“Bener. Hanjakal, nya? Lain nu dipimaksud ku urang ningan. Lain. Lain pamingpin, jalma nu keur pada ngudag-nguag ku sakurna jalma kaasup urang. Moal…, kitu?” maranehna silih reret deui. Matana ting burileng siga hayang negeskeun ka Pi Pemim nu ukur olohok teu ngarti.
“Permios ki silah, punten tos ngaganggu ka salira?” nu pangkolotna rengkuh tuluy ngaleos dituturkeun ku pada baturna.

Sajongjongan simpe. Angin pabeubeurang kuta raja karasa rada seger. Pi Pemim angger olohok, matana nuturkeun abrulan jalma nu bieu ngariung ka manehna nu ngaleos beuki jauh.

Can oge Pi Pemim eureun tina kareuwasna geus jebul deui aleutan nu rek muru ka eta tempat. Malah leuwih pikareuwaseun ieu mah. Geura wae salian jiga nu pating beletek teh lalumpat, bari pating jorowok deui. Moal moro bagong mah, kitu? Ah, piraku di jero kota aya bagong sagala. Manasina di leuweung loba sato nu pantes rek diboro oge. Nya naon, atuh? Pi Pemim galecok bae na hatena bari terus culang-cileung.
“Wualaah! Beunang siaah!” Kep! Pi Pemim ujug-ujug aya nu nangkeup ti tukangeun. Reketet sakujur badanna ditalikung ku tali. Jorowok eta mahluk nu ngabongohan teh ngajorowok deui. “Batur-batur beunang ieueuhh pulugna. Beunaang! Pulungna beunaaang” eta mahluk ajrag-ajragan.

Gebeg Pi Pemim ngarenjag. Teu dinyana nu nalikung dirina teh bet siga tuyul. Najan rada gede badanna sidik rupa mah teu dipiceun sasieur. Tuh huluna bolenang bari jeung gede teu ngimbangan kana badan. Petekel. Ari beubeungeutan pikasieuneun. Iiihhh…!”
“Saha anjeun? Naha bet nalikung ka dewek, siah?” Pi Pemim hohoak bari rut-ret ka nu jul-jol ngariung ka menahna. Nu ngariung kabeh kawas nu tiheula. Tuyul.
“Mugia tong janten bendu, salira baris janten pusaka abdi sadaya. Rumaos para gegeden tos taya wawanen. Inohong ukur lohong wungkul. Taya. Taya nu sanggup ngarobah kaayaan ieu nagara nu angger awut-awutan. Mugi kauninga salira baris janten tumbal kamakmuran!” nu tadi nalikung minangka gegedugna nyarita bari rut-ret ka pada baturna. Geur baturna surak eak-eakan.
“Teu lepat paningal teh geuning. Tetela nu nyirorot hideung ti jomantara teh ieu pisan rupina!” salah saurang tuyul mairan. Pi Pemim beuki olohok teu ngarti. Nu tadi nyaritakeun aya nu ngorejat. Ayeuna nyebutkeun aya nu nyirorot hideung. Nanahaon atuh, nya?
“Mun kieu carana mah pasti partey urang baris meunang. Hidup partey urang. Hidup partey urang!” sanes deui ngajorowok bari ngacungkeun peureupna.
“Hiduuup!” wadia baladna raeng narembalan.
“Taekeun Pulungna kana kuda, euy!” nu pangkolotna marentah.

Sajorelat nu mawa kuda gagah naker geus nyampeurkeun. Cong nyembah ka Pi Pemim regenyeng mangku manehna ditaekeun kana kuda. Pi Pemim teu bisa pajar kumaha. Teuing ku naon sungutna ngadak-ngadak barobosan. Rupa-rupa pananya ngaguruh na jero dadana. Rupa-rupa rasa, campuh minuhan hatena. Ambek. Sieun. Hookeun. Asa katalimbeng teh lain bobohongan. Antukna bijil kesang beuki ngagayer!
Sora wadia balad tuluy nu ngabring-ngabring ka manehna mani ngaguruh. Ting cakakak. Ting saruit. Tayohna bakat ku ngarasa atoh.

“Pamingpin partey urang baris kacida bungahna nenjo urang beubeunangan kieu mah. Tulus ayeuna mah urang teh jadi inohong. Moal lila deui mah urang oge bakal ngacakan ngarecah nagara nu sakieu beungharna. Urang sakabeh bakal weureu seubeuh. Kakawasaan baris dicekel ku Partey Hideung. Hidup Paartey Hideung!” cenah nu pangkolotna ngajorowok deui matak ngarungkadkeun jajantung.

Pi Pemim adug lajer hayang leupas. Ketua tuyul nu ngapit diuk na tonggong kuda teu eureun-eureun sanduk-sanduk ka Pi Pemim.
“Tong salempang tong hariwang salira baris disenangkeun. Salira baris janten tumbal. Rumaos cenah inohong tos hilap kana jangji. Cenah baris nyenangkeun, ari ieu kalah nyusahkeun nyangsarakeun. Piraku ari tos aya tumbal mah nagara angger teu regejeg mah!” ret ketua tuyul ngareret ka Pi Pemim.

Rek dikumahakeun aing teh, jurig? Pi Pemim morongos. Ketua tuyul ukur imut. “Salira baris disenangkeun. Pokona mah salira moal rek nyasekan deui kajadian nagara nu hayoh runtag. Alam nu geus teu nyobat deui. Kaayaan pamarentahan nu hantem parebut kakawasaan. Rahayat anu ngagugulukeun kahayangna sorangan turta babarian arambek. Sarta milu nerehkeun karuksakan sagemblengna. Nu kararitu ku salira moal katingal deui. Sadayana nu karitu baris ilang musnah, lamun…”

Pi Pemim kekerot. Lamun kumaha siah, goblog? Pok deui ketua tuyul nuluykeun caritaanana saenggeus mageuhan tali nu ngabarogod Pi Pemim bari popoyongkodan. Ajrih. “Mun salira tos dikubur hirup-hirup di tengah palataran alun-alun kuta raja. Tos kitu mah sadayana oge baris tingtrim. Partey Hideung aya dina kameunangan. Hahaha…, huhuhu, hahahuha…!” ketua tuyul ditungtungan ku seuri bangun nu ngeunah bari acong-acongan jiga nu nyembah ka Pi Pemim. Baturna kabeh eak-eakan.

Wadia balad tuyul nu sarurak suka bungah teu nyana baris ngondang kaributan. Boa-boa tepi ka peperangan. Geura bae, can oge jauh ti eta tempat di hareupeun jajalaneun rea jalma nu ngabaradega samakta ku pakarang. Jep nu surak eureun. Kabeh mata mencrong ka na jajalaneun. Pi Pemim nyakitu keneh. Barang breh, Pi Pemim ukur olohok ngembang kadu. Rombongan Nu Teu Baroga Beungeut! Dakadala rek aya naon deui ieu? Perang?!

“Ka dieukeun Pulung kaula! Gancang!” ngajorowok nu ngabadega panghareupna megat jalan. tetela eta jalma nu kungsi nakon ka Pi Pemim tadi.

Cakakak ketua tuyul seuri mani ngagakgak. “Ngeunah bae, jurig! Ieu Pulung geus milik kami. Kami nu baris nyekel kakawasaan ti sapet ieu mah, ngarti?”

“Humayua siah, goblog! Rek dibikeun atawa mending perang tanding?”
“Jeung mikeun kitu bae mah, mending perang tutumpuran, lur. Majuuu!” ketua tuyul mere komando. “Majuuu!” cek Nu Teu Baroga Beungeut teu eleh buringas. Tungtungna der perang campuh. Silih babuk silih tonjok. Silih tojos ku pakarang sewang-sewang. Teu poho kana bedil anu disolegrang, dorodod silih tembak. Ti dua pihakanana ting koceak nu pareng keuna ku pakarang atawa katembak. Kabeh garuyang geutih. Sarua kuatna. Sarua tangginasna. Pi Pemim miluan kabuntang banting na tonggong kuda. Hatena lelenyepan inggis taya dikieuna. Ti pihak duanana geus rea nu ngajarongkeng. Palastra di medan laga. Tapi naha nu palastra teh siga ngadak-ngadak harirup deui? Nyaksian kitu Pi Pemim kacida kageteunana. Piraku nu paraeh hirup deui. Tuluy perang campuh deui. Dakadala kaya kieu mah perang teh moal eureun-eureun, Pi Pemim ngagerendeng na jero dadana.

Teu kungsi lila tutas gegerendengan sorangan teu kanyahoan ujug-ujug ngahibes panah nirup jajantungna. Bakating ku tarik awak Pi Pemim ngabelesat kabawa ku tanaga panah ngalayang ka awang-awang. Teu kuat nahan kanyeri koceak manehna mani jerit jempling. Gedebut manehna ragrag!

Ret ka kenca. Ret ka katuhu. Ret deui kana dadana. Komputer nu hurung teu ongget-ongget acan sumawonna mun hariwang. ***

Saung Pangharepan, 14 Oktober 2010

Tidak ada komentar: