Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Selasa, 05 April 2011

SAMAGAHA ABDI TEH PARA WARGI


Samagaha

Tresna kacida rongkahna. ninggal rindat nu mawa tibelat,
reret nu mantak nyeredet, dilak nu salawasna kapicangcam,
teuteup seukeut nu nembus kana ieu jajantung.
Samagaha tresna dina ieu kahirupan.......
Mindingan asih anu geus dua windu dina ngojayan sagara tresna.
Asih anu geus ngabukti ku ayana buah ati titipan Gusti.

Enya........
Ukur patamorgana dina ieu teuteupan
Moal bisa kapibanda nu saenyana, sanajan duriat kacida rongkahna.
Ukur harepan nu bakal katangsu, ukur lengkah nu bakal mawa salah.

Hampura geulis.........
Akang ngumbar sawangan lain diri anjeun,
Geus micinta nu lain kuduna.
Samagaha moekan urang dina lalayaran mapay sagara kahirupan.Hampura, mun ieu diri katangsu.
Kota Bengkulu, 5 April 2011
Akang Rustandi

Tidak ada komentar: