Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Kamis, 16 Desember 2010

TUNGGUL HAUR


Ku Kang Mamat Sasmita

Geus rada lila teu ka lembur teh, aya kana dua taunna. Lain teu sono, ngan nyakitu kangaranan ka lembur, kudu we rada merekis pesak. Da geuning anu ngumbara mah sok rajeun disangka loba pakaya. Komo lamun datangna sakulawarga bari make mobil, boa mobil teh meunang nyewa. Lain gagayaan datang make mobil teh tapi meunang ngitung, asa leuwih murah batan kana beus komo mun make travel mah. Mun indit sorangan enya leuwih murah kana beus. Datang ka lembur teh sok kari waasna, indung jeung bapa geus taya dikieuna, atuh lanceuk-lanceuk kuring teu mukim di lembur tapi di kota sejen. Titinggal kolot ngan kari kebon sacangkewok, dianggap jimat titinggal kolot. Mun ka lembur nganjang teh sok ka kapiadi, enak emang nu panggedena, ari umurna saluhureun kuring, malah kaitung jauh. Najan kitu nyebut mah tetep adi, atuh manehna nyebut ka kuring teh akang. Geus jadi kabiasaan barang jol teh sok loba nu nguah-ngaeh bari jeung nyolongkrong sasalaman, terus jul-jol aya bari teu lengoh sok aya we nu dibawa, kayaning cau, ranginang, opak, majarkeun ambih kaasaan ku urang kota. Asa jadi menak keur kita mah. Ari ka Bi Oyoh mah sok ngahaja ngengken bubuy sampeu, deuh da matak poho ka mitoha atuh ngahenggoy bubuy sampeu meunang bi Oyoh mah. Di luarna teuas semu tutung, ari dibuka teh muruhmuy, ngan murakna kudu panas keneh, karasa ni’mat pisan.

Bada lohor ngoloyong ka beh tonggoh, rek manggihan Ua Adung, kitu we ua Adung ge kapi-kapi keneh, lain ua teges, maksud teh rek meuli awi haur sababaraha leunjeur jeung tangkal albasiah satangkal mah. Awi mah rek dipake mager kebon, ari albasiah mah keur ngaganti tihang saung lisung nu kapiadi. Lain saung lisung meureun nu benerna mah, da ngan ukur di pipir imah, pedah dipasang suhunan nyolodor saeutik tamba kahujanan teuing.
Kabeneran Ua Adung keur nyampak, teu ngobrol kapapanjangan togmol nepikeun hayang meuli haur, sababaraha leunjeur jeung tangkal albasiah, demi nu nuarna mah geus ngahiras ka Kang Sodik, tatangga kapiadi, harita ge bareng nepungan ka Ua Adung. Gonjreng mayar sakumaha rega umumna bari ijab kobul sabiasana nu ngajual jeung nu meuli. Pasosore Kang Sodik mucunghul bari manggul tangkal albasiah, da awi mah cenah geus di ka kebonkeun. Tangkal albasiah di golerkeun deukeut lisung, moal waka dipigawe ngadagoan rada garing heula, ambih babari migawena jeung ambih teu malincang

Di lembur teh ngadon ngendong meunang sapeuting, meungpeung budak keur pere sakola, rehe combrekna lembur karasa beda jeung di kota, di kota mah peuting ge tetep we matak haringhang. Indung budak mah ti barang datang keneh teu cengkat di dapur, majarkeun resep ngasur-ngasur suluh di hawu. Kepoh-kepoh niupan songsong, haseup meletek, ma’lum suluhna teu garing pisan da keur usum ngijih. Ari anak kuring mah ukur ngadepong di tengah imah bari nyonyoo kubus rubik 3x3, anak kuring teh awewe kakara kelas hiji SMP. Dititah niup songsong ge kalah ngajerete, sieun kapetelan ku ruhak jeung gigisik bae, da panon peurih keuna ku haseup.
Kapeutingnakeun, bari ngajapapang, ngararasakeun simpena peuting, bet inget kana carita bapa suwargi. Carita jaman gorombolan taun 50an di lembur ieu pisan, majarkeun maju ka peuting teh teu weleh hariwang, inggis ku bisi, da lembur mindeng dijorag gorombolan. Teu kaur boga banda pakaya mindeng direweg ku gorombolan, leuheung mun ukur banda pakaya, tapi deuih sok kajadian dititah ngilu ka leuweung, dipaksa jadi gorombolan. Keur nyingkahan karerepet siga kitu nya antukna mah ngungsi ka Bandung, cenah mah ngungsi teh mangsa kuring umur tilu taun. Mun harita teu ngungsi, boa kuring ge angger we jadi urang lembur, moal jadi urang Bandung.

Isukna pabeubeurang, sanggeus garing ciibun, kuring ngajak anak ka pajaratan bapa jeung ema, rek ngadon sasapu jeung meresihan jukut nu rada ngajejembrung. Budak mah dititah sasapu ku sapu nyere, nyapukeun kalakay, ari kuring mah ngababad jukut jeung nyokelan teki. Cek kuring ka budak „Tah nu ieu mah kuburan Enin, ari nu ieu kuburan Engking..“, budak teh neuteup kuburan sajongjongan mah, sigana ngabde siga kumaha ari Enin jeung Engkingna. Da enya anak kuring mah teu nyahoeun pisan rupa aki jeung ninina. Nu deukeut mah jeung aya keneh dikieuna ninina ti indungna.
Beres ngored jeung sasapu di pajaratan, tuluy mulang bari ngala daun kuciat, di sisi jalan nu kaliwatan. Daun kuciat teh keur ubar, bitis indungna budak rada bareuh saeutik, aya nu mere nyaho sangkan dihaneutan ku daun kuciat meunang ngaleumpeuh, ditempelkeun haneut-haneut ka nu bareuhna. Ari ngaleumpeuhna dina teko aluminiem nu dieusian ku cai panas.
Cenah nu alus mah ku bungkusan lebu haneut tina hawu, tuluy dibungkus ku daun kuciat, tah terus ditempelkeun dina nu bareuhna. Ari di Bandung mah hawuna ge euweuh, nya kapaksa ngaleumpeuh daun kuciat teh dina teko panas.

Barang datang ka imah kapiadi, diburuan geus pabalatak tunggul haur jeung regang awi daunan keneh, atuh aya nu ngabagug deuih tunggul tangkal albasiah. Cenah eta tunggul nu galituk teh ti Ua Adung. Puguh we keur kuring mah rada heran naha bet dibabawa kadieu. Cek kapiadi, mun barangbeuli ti Ua Adung kudu puguh ijab kobulna, lantaran nu dibeuli teh awi jeung tangkal albasiah, eta hartina nu dibeuli teh sapuratina, ti mimiti daun, regang nepi kana tunggulna. Ngadenge kitu kuring bati melengek, bener atuh Ua Adung teh. Ngan eta we karunya nugar jeung ngakutna, da meureun kudu mayar. Sedengkeun diakutna ku mobil bak.
Kencling we kuring indit ngajugjug ka imah Ua Adung, rek muguhkeun, da angkanan teh rega sakitu mah kurang keneh mun kudu nugar jeung ngakut tunggul. Kasampak Ua Adung keur nyangsaya dina bale-bale hareupeun imahna, bari ngageberan awak ku dudukuy, bajuna ngaliglag. Tayohna cape balas nugar tunggul. Bari uluk salam kuring nyolongkrong sasalaman, tuluy nepikeun pamaksudan rek ngagantian ongkos nugar tunggul jeung ngakutna. Walon Ua Adung lalaunan “Heueuh urang teh kamari teu puguh ijab kobulna buniaga teh, Ua teh embung boga hutang bisi kabawa ka aherat. Geura pek lamun tunggul teu diala, heug sirungan tuluy jadi gede, geus gede tuluy dijual kapan eta teh sarua jeung ngajual barang batur, matak tunggul ditugar bisi jadi mamala keur Ua”. Kuring bati melengek, pok dieu Ua Adung ngomong “Ku Ua ieu duit tambahna teh ditarima keur buruh nu nugar tunggul jeung keur ongkos ngakutna da kana mobil bak, eta deuih nya Jang Sodik siga nu teu ngarti bae nuar tangkal teh, majarkeun da teu dipiwarang..”.
Cek kuring “Nu lepat mah abdi Ua, leres Kang Sodik teu dipiwarang nugar tunggulna, raraosan teh siga icalan di kota tara aya ijab kobulna”.

Pasosore kuring jeung kulawrga nyemprung balik ka Bandung, ngalangkang keneh pameunteu Ua Sodik, nu darehdeh hirup pinuh kajujuran.

(Dimuat dina Majalah Sunda Cupumanik No.84 Juli 2010)

Tidak ada komentar: