Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Selasa, 14 Juli 2009

BANYOL DULUR IEU MAH..............

NYALEG

Teu kasawang tianggalna bakal jadi tukang goong, da baheula mah cita-cita teh mokaha, mun teu jadi dokter nya jadi persiden. Heueuh lain nek ngarasula, ngan sok ngananaha kanasib sorangan,asa bet kieu kieu teuing. Pek we bayangkeun, kaayaan jaman kiwari,nu boga gajih matuh ge sok kadenge ngangluh, komo deui kuring, tukang goong, kadang sabulan campleng bolostrong teu manggung manggung, atuh nyamos! Balukarna dapur caneom, sungut pamajikan unggal poe nyuredak kawas keong racun.

"Enjum sing nalipak maneh siah! Piraku maneh nek nyaleg?" Mitoha pepedengkreng nyampeurkeun. Kuring ngabetem, geus kapikir samemehna,ancrub ka dunya pulitik mah lir ancrub ka kawah candradimuka,silih gitik silih segag loba saingan. Teu jauh jauh, contona mitoha, pan sakuduna mah nu jadi mitoha teh ngadukung kana karir kuring dina widang perpulitikan, ieu mah sabalikna, mun panggih kawas musuh gerot wae. Kituna mah pantes sasatna mitoha jeung kuring teh pan beda pamadegan, beda partey, kuring aktifis partey 'rudet hate' sedengkeun mitoha kokojo partey 'nalangsa'.

"Yeuh geus boga modal sabaraha bet hayang nyaleg, nek nyaingan dewek?" Kadenge sungut mitoha ngorompyang deui. Kuring tetep ngabetem, percumah uab ge, kuriak ngajak debat kusir, ngabanding bandingkeun visi jeung misi partey manehna,ceuk pangrasana asa pangalusna, asa pangheueuhna. Rumasa kuring mah ngilu nyaleg teh ngan ukur modal panakol goong diembohan ku niat nu hade,lain pedah kabrongbroy ku beja pajarkeun lamun geus sukses dunya pulitik teh lir ibarat di sawarga sokawana, diugung ugung lir pangagung, dihormat hormat lir kamenak, sur sor marere upeti, cenah aya uang gravitasi,aya uang kunjungan,aya uang jabatan, uang reses, ah meureun mun diwadahan terus dihijikeun jeung gajih sabulan meureun aya sapipitieun mah. Enyaan daek burut salelembur,lain eta motipasi kuring hayang nyaleg teh, estu murni hayang ngabelaan wong cuelik. "Teu percaya? Belah sajah Dadahku!"
Ngadenge janji janji manis kuring, Ibro si tukang rebab batur sapanayagaan,teu sirikna croh nyiduh, saeutik ge manehna teu percaya kana omongan kuring tadi. Kituna mah pantes sasatna manehna kungsi dikuciwakeun ku kuring,balukarna nepika kaayeuna sok neuteuli wae, masalahna mah teu pira pedah bedo dipangneangankeun jodo. Heueuh da si eta mah sok tara kira kira, boga rupa lir kembaran sicepot, mun direndengkeun jeung si cepot sok keder, mana si cepot mana manehna. Hiji mangsa manehna meredih ka kuring nitah pangneangkeun bikang, keun wae cenah kawas Dian Sastro ge. Geus kaditu kadieu weleh teu manggih, antukna ditawaran Nyi Icih, sikasebelan teh mumul, pajarkeun era ngiringkeunana. Abong lalaki sok hayang nu leuwih,jeung sok pinter kodek, tapi salutlah ka sieta teh salut ku pedena, ari pokna teh ulah jadi lalaki ari teu pede mah.

Dipikir-pikir pan kuring ge nyaleg teh modal pede tea, gelar teu boga, modal teu boga,propesi ge ngan ukur jadi tukang goong, teu cara mitoha gelar ngaderet tukang hareup, potona oge reuteum dimana mana, ditihang listrik aya, dina dahan aya, dialun alun ngajeblag, saprak nyaleg paromana ngadadak marahmay,unggal nu panggih diajak seuri. malah sakeudeung deui cenah nek masang iklan ditipi,kabeh disebutan, dijadikeun baladna, patani baladna, padagang baladna,nalayan oge baladna, nu teu kasebut teh ngan hiji, tukang goong.

Najan poto kuring teu reuteum, najan teu nyieun baliho, komo masang iklan mah da eungap, tapi sakali wae kuring nihtirkeun goong wanci tengah peuting, pasti saeusi lembur harudang, pasti saeusi lembur bakal arapal, yen si enjum sikumis jekrem calon kuat partey rudet hate. Tah eta karek nihtirkeun goong dilembur, kumaha mun nihtirkeun goong diluheureun monas, pasti ibur salelembur ear sajajagat, unggal stasiun tipi ngaliput,unggal koran jadi headline, jadi iklan haratis. Enjum tea, moal sapati pati wani ancrub ka pulitik mun teu boga taktak, taktik jeung licik. Hidup Enjum! Hidup tukang goong! Hidup partey 'rudet hate'!

Tidak ada komentar: