---------------> IMAH PANGANCIKAN RAGA, BASA PANGANCIKAN RASA, SUNDA PENGANCIKAN KULA<----------------- SUKABUMI : Jalan Pelabuhan Gang Sejahtera IV No. 44 CIPOHO-SUKABUMI 43142 PROPINSI JAWA BARAT, (ALAMAT SEKARANG DI BENGKULU : Jalan Batang Hari VI NO. 8 KUALA ALAM - PADANG HARAPAN - KOTA BENGKULU - PROVINSI BENGKULU
ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH
WILUJENG SUMPING
Senin, 30 November 2009
Datangna Musibah
Munara Cahya
Rupi-rupi musibah nu nuju dipayunan ku umat Islam kiwari teh hiji cocobi luar biasa nu kudu ditarekahan ku lengkah nyata. Ti mimiti introspeksi diri, ngagedurkeun deui sumanget jihad, nepi ka ningkatkeun deui kasobaran tur katawekalan urang sadaya ka Alloh SWT. Munajat ka Gusti Nu Mahasuci, neda tulung sangkan cocoba jeung musibah teh gura-giru sirna. Dawuhan Alloh SWT dina Surat Al-Baqoroh ayat 45: "Was-ta'iinuu bishshabri washshalaah. Wa innahaa lakabiiratun illa 'alal-khaasyi'iin," nu hartosna, "Jeung pek geura menta tulung (ka Alloh), ku jalan sabar jeung shalat. Memang eta teh beurat, kajaba pikeun jalma-jalma anu husu."
Musibah nu moal pegat ku jaman kalawan peryogi salawasna janten garapan para ulama, nyaeta gogoda nu mantak ngaruksak kaimanan umat. Padahal Alloh parantos masihan kabar gumbira : Walladziina djahaduu fiina lanahdiannahum subulana wa innalloha maal muhsiniin. Hartosna: Jeung jalma-jalma anu digawena tihothat dina urusan Kami, Saestuna Kami baris mere pituduh ka maranehna kana jalan Kami, jeung saestuna Alloh marengan jalma-jalma anu milampah kahadean. (Al-Ankabut ayat 69).
Rosululloh Saw kantos netelakeun, "naon wae nu tumiba ka manusa rupa-rupa perkara nu teu dipiharep ku manehna, eta teh disebut musibah," (HR. Imam Muhammad bin Nashr at-Thabrani).
Musibah nyaeta saban kajadian boh leutik boh gede anu tumiba di luar kawasa manusa. Sacara sunatulloh saban musibah nu remen kajadian salawasna luyu jeung kakawasaan Alloh Swt. Rek elmu panemu nu sakumaha luhur atawa luhungna, rek make tehnologi nu pangcanggihna, urang sarerea moal bisa ngagiwar tina musibah.
Unggal musibah, lamun ditilik tina takdir Gusti Alloh, memang kajadianana ku idin jeung katangtuan-Na. Tanpa idin Alloh, musibah mustahil bakal tumiba ka manusa. Sakumaha dawuhan Alloh Swt. : Qul lan yusiibanaa illaa maa kataballhu lanaa, huwa maolaana wa'alallohi fal yatawakallil mu'miniin. Hartosna : Pok caritakeun, "Moal aya nu tumiba ka kaula sarerea salian ti saniskara anu geus dipastikeun ku Alloh ka kaula sarerea. Nya Anjeunna anu nangtayungan kaula sarerea jeung nya ka Alloh kuduna jalma-jalma mu'min tawekal." (QS. At-Taubah : 51).
Lamun ditingal tina segi hukum kausalitas, aya sababaraha perkara nu ngalantarankeun Gusti Alloh nibankeun musibah.
1. Lebar ku harta. Jalma nu lebar ku harta atawa medit jap jahe nyaeta hakekatna jalma tara sodaqoh. Lamun ditilik saliwat mah, sodaqoh teh bakal ngurangan harta, tapi lamun diteuleuman ku kayakinan mah, sodaqoh teh justru bakal nambahan sok komo deui aya implik-implikna mawa barokah. Alatan loba jalma nu medit, kakoret, Alloh bakal nibankeun musibah. Dawuhan Rosululloh Saw : Sodaqoh teh nutup 70 lawang musibah," (HR. Ath-Thabrani).
2. Kurang nyambungkeun silaturrahim.
Silaturrahim teh hiji amal pagawean nu diwajibkeun dina ajaran Islam. Manusa nu kasebut insan nu mibanda rohmatal lil 'alamin, moal bisa sampurna hirupna lamun teu mikabutuh ku jalma lianna. Ku kituna, silaturrahim teh kacida pentingna. "Wa ati'ulloha warrosulahu walaa tanaaja'u fatafsaluu watadhaba riihukum wasbiruu, innalloha ma'asy syobiriin. Jeung masing to'at ka Alloh katut Rosul-Na, jeung poma maraneh ulah rek pacengkadan, karana engke maraneh baris jadi lemah jeung kakuatan maraneh jadi leungit jeung sing sabar karana saestuna Alloh nyarengan jalma-jalma anu salabar. (QS. Al-Anfal : 46). Kitu deui, silaturahmi bakal numuwuhkeun silih mikanyaah. Rosululloh Saw ngadawuh : Sing saha nu hayang ditambahan rejekina jeung dipanjangkeun umurna, mangka prak pigawe silaturrahim. (HR. Bukhari Muslim).
3. Mopohokeun parentah jeung ngalampahkeun panglarang Alloh Swt.
Dina ajaran Islam aya istilah amar ma'ruf nahyi mungkar. Nitah kahadean nyegah kamungkaran. Eta teh hakekatna mah manusa sangkan inget jeung milampah parentah Alloh jeung nyegah panglarangna. Dina elmu syare'at, aya istilah halal, haram, makruh, mubah, dosa, sah, batal. Syare'at eta teh hakekatna mah sangkan manusa apal, mana nu kudu dipilampah, mana nu kudu cegah. Jalma nu mopohokeun Alloh swt. hiji waktu bakal kasorang musibah. Alatan dosa, saperti ngalakukeun jinah, ma'siat bakal ngabalukarkeun datangna musibah. Dawuhan Alloh Swt. : Nya basa maranehna poho kana saniskara anu diwawadian ku Kami ka maranehna, bray ku Kami dibukakeun lawang-lawang kana sagala perkara teh, nepi ka basa maranehna keur saruka bungah ku rejeki anu ditamplokeun ka maranehna, dadak dumadak Kami nibankeun siksaan ka maranehna, nya harita keneh maranehna pegat pangharepan." (QS. Al-An'am : 44).
4. Hirup dilingkungan ma'siat. Hade gorengna paripolah manusa bakal gumantung kana lingkunganana. Ku kituna upama lingkunganana hade, merenah tur genah luyu sareng parentah Alloh, mangka hirupna oge bakal salamet. Sabalikna upama lingkunganana pinuh ku lampah paripolah dosa sarta milu kabaud ku dosa jeung ma'siat, mangka hirupna oge bakal cilaka. Ku kituna, musibah bakal tumiba ka jalma nu resep ma'siat. Rosululloh Saw kantos ngadawuh : Pek pilihan tatangga samemeh maraneh milih imah. Jeung pilih pibatureun samemeh leumpang." (HR. Khatib).
5. Migawe karuksakan
Dawuhan Alloh : "Geus timbul karuksakan di darat jeung di laut alatan pagawean leungeun manusa, anu balukarna Alloh nibankeun ka maranehna (wawales -tina) sabagian anu ku maranehna dilampahkeun, supaya maranehna babalik pikir." (Q.S. al-Rum :41).
Sagala musibah nu matak hirup oge jadi walurat saperti sarwa kakurangan cai teh, tangtu ieu mangrupa musibah nu jadi alatan manusa keneh. "Jeung maraneh ulah nimbulkeun karuksakan di ieu bumi sanggeusna beres, jeung pek geura ngado'a ka Anjeunna kalawan sieu sarta manteng hayangna, karana saestuna rohmat Alloh teh deukeut ka jalma-jalma anu ngalampahkeun kahadean." (Q.S. al-A`raf [7]:56).
Alatan kabodoan manusa sarta lolong dina kayakinan, henteu paham ka nu nyiptakeun, ka nu ngapimilik, sarta ka nu jadi puseurna katoatan, ahirna manusa aya dina kaayaan nu linglung kalawan teu mampuh dina nyepeng amanah kakhalifahan nu samistina.
Alatan kabodoan manusa oge, ahirna katalimbeng nepi ka mahluk dijadikeun "Tuhan" jeung manusa sorangan ngajadikeun sumberna bebeneran malahan ngajadikeun pangeran. Nu kieu nu ngaranna musyrik, nu jadi asal mula ditibankeunana sagala musibah.
Manusa oge dina ngolah jeung ngamangpaatkeun alam ieu, boh di darat boh geus ngarasa jadi milikna sorangan, henteu ngarasa yakin yen saleresna Alloh nu maha ngapimilik. Nepi ka maranehna ngarasa mampu ngadalikeun akibat nu geus dilakukeunana. Ku kituna kasarakahan jeung kasenangan geus jadi pangeran maranehanana. Maranehna deui sombong, ngajadikeun yen elmu pangaweruhna hiji-hijina pituduh hirupna sorangan. Nu kieu nu disebut kamusrikan dina harti nu leuwih luas. Kitu deui alatan pmadegan kitu nu saestuna akibat timbulna musibah di alam semesta ieu.
Ku kituna, kahartos pisan, naon sababna tiap Nabi jeung Rosul salawasna nyandak risalah tauhid nu jadi puseurna kasalametan manusia. Alatan kayakinan ka Alloh, manusa oge sayaktosna bakal mampu ngajalankeun khalifah di muka bumi.
Ku margi kitu, naon wae nu kudu jadi tarekah manusa sangkan teu kakeunaan musibah?
1. Istirja. Nyaeta mulangkeun (tawakal) sagala perkara ka Alloh Swt. kalawan satemenna ngedalkeun Innalillahi wa inna ilaihi rooji'uun. (satemenna kuring teh milik Alloh tur bakal mulang deui ka Alloh)
Kekecapan bieu ngandung harti, yen naon wae sare'at nu teu kacumponan pikeun nandangan musibah, ahirna mah kudu diuihkeun deui ka Alloh. Da, manusa mah mung katitipan amanah wungkul.
2. Do'a. Pikeun jalma mu'min, sagala musibah nu tumiba, eta teh mangrupa ujian. Nu hakekatna Alloh ngingetkeun, sangkan manusa ulah poho atawa nyambung, mahabbah ka nu nyiptakeun ieu alam. Da, geuning saha jalma nu moal keuna ku musibah. Kabeh manusa pasti bakal keuna ku misubah, tinggal naha musibah eta bakal jadi wasilah ngadeukeutkeun urang ka Alloh atawa sabalikna.
3. Ihlas jeung sobar. Dawuhan Alloh : "Jeung Kami geus ngagelarkeun bumi sarta nancebkeun gunung-gunung di dinya, turta Kami nuwuhkeun sagala rupa di dinya anu saimbang. Jeung Kami geus ngajadikeun kaperluan hirup keur maraneh di dinya, jeung pikeun mahluk-mahluk lianna, lain maraneh nu nyadiakeun rejekina. Jeung taya sarupaning barang oge anging anu di Kami gudangna, jeung Kami henteu nurunkeunana kajaba nurutkeun ukuran nu pinasti."
Jalma sabar nalika kenging musibah, sakumaha didawuhkeun dina surat ar-Ra'd ayat 23-34, negeskeun, sadaya ujian ti Alloh 'Salamun 'alaikum bima shabartum'.
Saperti kajadian musibah lini jeung tsunami, nu parantos nimbulkeun korban lain saurang tapi puluhan rebu urang ieu teh mangrupa ujian. Ujian Alloh ieu, hayu urang jadikeun muhassabatun nafsi, urang intropeksi diri. Musibah jiwa raga, harta banda nu paburantak, pikeun kaum muslimin, ieu teh ujian Alloh, innalillahi wa inna ilaihi roji'un. Urang asal ti Alloh, bakal balik deui ka Alloh. Ka nu dikantunkeun, kulawargana, mugi sing sabar sareng tawakal. Pahala sakumaha janji Alloh, mung dipasihkeun ka jalma-jalma nu sabar sareng tawakal.
Wal-Ashri saur Alloh, nuduhkeun kiwari pisan, urang kedah peduli, balikkeun deui sagala pagawean urang kana bebeneran. Tepikeun rasa kaadilan. Kamungkaran teu aya hartina, korupsi, kolusi, upama kakawasaan sareng kamu'jizatan Alloh geus diturunkeun, teu sabanding jeung pangawasa manusa nu sarakah, jeung lamokot ku dosa. Ku margi kitu, mung ku kaimanan, kasabaran sareng katawakalan, nu bakal malikeun kaayaan jadi tengtrem, salamet dunya sareng aheratna. ***
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar