Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Selasa, 17 November 2009

Serat Bulan Opat welas


Haturan salira, raja nu ngancik di karaton haté kuring.

Bulan geulis pisan nalika ngedalkeun rasa dina ieu seratan, rasa nu ngurunyung kajurung gandrung dina mangsa bulan hurung. Rasa nu hibar tina katineung nalika urang guntreng ngararancang jodo langgeng. Harita urang padungdeng utang-itung patepung di balé nyungcung. Harita urang pada-pada bungangang, hayang geura nyeuseup kembang nu bakal meleber ‘na peuting munggaran.

Tos kaopat kali bulan moncorong, nanging iber ti salira lebeng ngampleng. Hariwang duriat pegat kasibat, honcéwang pasini saukur ngimpi. Abdi alim bulan opat welas saukur janten kawaas. nanging hoyong bulan méncrang ngawujud ‘na poé gumawang, dina poé panganténan. Kamana atuh salira, taya sumping taya warta. Telepon teu embol-embol, és ém és gé beuki simpé. Piraku tos lali deui kana Lagu Asih ti Jayagiri, nu harita ku urang disanggi teras dihariringkeun bari suka seuri.

Sakapeung hariwang téh sirna mun émut kana seratan salira. Émut kénéh nalika abdi ngintun és ém és kieu unina ? :

Nyingray deui méga bodas nyingray deui,

Katiup angin katiga nu datang dadak sakala

Anggang deui batin urang anggang deui

Kasilih panyinglar asih nu sumilir matak peurih

Geuning tresna nepungan kokolébatan

Kawas vénus nu némbongan kakapeungan

Harita salira ngawaler, estuning ku matak teger :

Rasa sono tur rasa nu sanésna ka salira dugi ka ayeuna henteu robih. Sing percanten, ka salira tetep mikangen. Hapunten nuju seueur lereskeuneun.

Duh éta kalimah ku matak bingah. Sanaos kalimah singget nanging matak nambihan sumanget, ngandelan duriat tur kageugeut. Ieu rasa beuki nganteng tur kahoyong beuki keyeng, sumeja pasrah ditikah. Panginten salira gé émut, salajengna urang tepung sok sanaos mung salangkung. Urang sami-sami gandrung nanging waktos teu ngajurung. Salira miang deui margi pancén parantos nganti. Ku hoyong ceurik lolongseran, narah dikantun mangbulan-bulan, hoyong muntangan panangan sangkan urang tetep sasarengan. Nalika badé papisah, cipanon ngadadak bedah; sanaos salira ngabeberah haté mah tetep marudah.

Ayeuna rasa geugeut bet ngareunteut sabada serat salira ngadadak saat. Palangsiang salira nuju kabéngbat. Harepan éndah sareng katugenah paselang noélan rasa. Rasa kaduhung manggunung-gunung, naha urang maké tepung. Lebar teuing cipanon kantos ngagelar, ngagarajag awor katresna kakelar. Sakeclak sajuta asih, sirna kasesah kapeurih. Nyalangkrung cimata cinta, maseuhan dada salira, boa-boa … Ah, ieu haté rungsing baé, diborogod kasono ku hoyong pacaket baé.

Hapunten abdi miasih kaleuleuwihi, dugi ka panyawang ka mana-mendi. Salira téh pangreugreug ati, numawi abdi inggis salira lanca-linci. Abdi tetep satia ngantos salira, lir satia bulan purnama nu tetep mabra. Katineung ka salira tetep gumawang lir gumawang cahaya bulan nu teu éléh ku jutaan lampu nu baranang.

Jungjunan, raja na haté kuring, tah dangukeun lagu Hariring nu Kungsi Nyanding … caang bulan opat welas, narawangan ati bangblas !

Reret deet kuring di Kota Bengkulu ka urang Sukaraja sareng urang palabuan ratu, Nov 2009

Tidak ada komentar: