Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Senin, 30 November 2009

Rayat Butuh Wawakil nu Amanah geusan Nyanghareupan Krisis Global

Sakabeh nagara, kaasup nagara Adikuasa (Amerika) kiwari keur nyanghareupan pasualan anu kacida beuratna. Krisis Global (krisis ekonomi) nu kacida matak ngagejedna tur gede pangaruhna kana kamekaran widang-widang sejen. Jeung deui, krisis ayeuna kacida pisan bedana jeung krisis moneter nu kungsi ngarandapan taun 98-an. Harita, krisis moneter nu ngarandapan nagara urang teu leupas alatan ayana muatan krisis pulitik nu kacida gede pangaruhna. Naon pangna kitu, sabab harita, nagara urang keur nyanghareupan pasualan, pangpangna palebah ayana robahna sistim pamarentahan. Nu nyoceng waktu rada lila oge kana nyetabilkeunana deui. Tah, krisis global ayeuna mah, estu murni alatan seuseut seuatna sektor ekonomi nu ngabalukarkeun sakabeh nagara di dunya igeung, nu balukarna matak gejed kana rupa-rupa sektor sejenna.

Krisis taun 98 mangrupa krisis ekonomi nu ngarandapan nagara-nagara Asia wungkul. Nagara-nagara sejenna di luar Asia teu keuna ku krisis. Ku kituna, harita nagara-nagara kuat saperti Eropa, Amerika jeung Jepang, milu mikiran enggoning ngungkulan eta pasualan. Ari ayeuna euweuh hiji ge nagara anu teu keuna ku sakadang krisis (krisis global). Teu diiwalkeun, kaasup nagara kuat oge keuna ku krisis. Hartina, nagara-nagara kuat ge, boro-boro mantuan nagara leutik, keur nagarana sorangan ge perelu nyalametkeun sewang-sewangan.
Ku kituna, taun 2009 ieu, urang kudu leuwih apik, soson-soson tur leuwih daria sangkan bisa leupas tina pasualan anu leuwih beurat ti batan taun-taun samemehna. Komo deui, taun ieu urang nyanghareupan kagiatan akbar nyaeta mapag hajat demokrasi 'Pemilu Legeslatif' (DPR Pusat, DPD, DPR Propinsi jeung DPR Kota/Kabupaten). Nu saterusna pilihan Presiden deui.

Pikeun para wawakil rayat nu diuk boh di Dewan Perwakilan Rakyat (DPR RI, Propinsi sarta Kota/Kabupaten) boh di Dewan Perwakilan Daerah (DPD) dipentes masing bisa nyumponan aspirasi kereteg hate rayat sagemblengna. Hartina, perelu tokoh para wawakil rayat nu kompeten, amanah nu saetuna bisa nyumponan kereteg jeung harepan-harepan rayat.

Hal di luhur minangka pangbageana Prof. Dr. Ir. H. Ginanjar Kartasasmita, Ketua Dewan Pangaping PB. Paguyuban Pasundan oge Ketua DPD RI nu taun ayeuna nyalon deui DPD, dina acara Silaturahim Dewan Pangaping PB Paguyuban Pasundan jeung kulawarga besar Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung, poe Saptu 7 Maret 2009 di palataran Kantor PB. Paguyuban Pasundan, Jalan Sumatera 41 Bandung. Hadir dina acara, H. A. Syafei, Ketua Umum PB. Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. HM. Didi Turmudzi, M.Si., Sekjen PB. Paguyuban Pasundan, H.R. Tata Gautama Suryawan Ketua YPDM Pasundan, Ny. Hj. Popong Otje Djungjunan Dewan Pangaping PB. Paguyuban Pasundan, H. Dada Rosada Ketua Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung, R. Gani Kusumasubrata Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung, Soma Gantika Ketua Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung, T. Subarsyah Wk Ketua Paguyuban Pasundan, rengrengan pangurus Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung, para guru katut siswa siswi Pasundan Kota Bandung, sarta para tamu ondangan nu hadir teu kurang ti 500 urangna. Harita palataran Paguyuban Pasundan nu sakitu legana dadak jadi heureut, saking ku pinuhna anu hadir.

Sajeroning kitu H. Dada Rosada Ketua Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung dina pangbageana nandeskeun, mugia silaturahmi ieu janten wadah beungkeutan silih cacap kanyaah dina saamparan sabaraya rasa. Lian ti kitu, saur Kang Dada deui tandes naker, asmana Dewan Pangaping katut rengrengan pangurus Paguyuban Pasundan Cabang Kota Bandung, ngahaturkeun wilujeng sareng jurung du'a ka Bapa Ginanjar Kartasasmita nu nyalonkeun deui janten DPD RI, Ibu Hj. Popong Otje Djungjunan caleg DPR RI, Kang Gani Kusumasubrata caleg DPR RI, sareng Bapa Ali Hasan caleg DPR Propinsi. "Mugia wargi-wargi urang anu kagungan maksad seja maranggung sing jucung nanjung apanjang apunjung".***

Tidak ada komentar: