Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Senin, 30 November 2009

Katurug Katutuh

Duit Ledis, Dewan Ukur Impian

Kaduhung mah tara ti heula. Duit geus ledis, dipake kampanye, kakara ngarasa kaduhung. Sabab kuring teu kapilih ku jadi anggota legislatif. Eleh ku batur, najan kuring kaasup calon jadi ge. Kiwari tinggal hutangna, kudu dibayaran. Sedih puguh. Matak stress. Matak rieut mikiranana. Sabab, hutang mah tetep kudu dibayar.

Sabenerna kuring ge teu hayang nyalonkeun jadi caleg (calon legislatif) teh, teu kabita pisan, lamun henteu dititah ku babaturan, dulur-dulur jeung tatangga mah. Geus kapok puguh ge. Ngan henteu bae ari nyebut cadu mah, bisi doraka. Bisi isuk pageto, bakal ngalaman deui. Pan bakal doraka. Bakal malines ka diri sorangan.

Inget keneh puguh. Bareto, basa aya pemilihan Kepala Desa di lembur, kuring teh ku sobat-sobat jeung dulur-dulur dititah nyalonkeun jadi Kepala Desa. Sabab, kuring putra daerah nu rada nyongcolang. Ngarah bisa ngaheuyeuk masarakat sangkan leuwih maju jeung raharja, cenah.

Keur naon, ceuk babaturan mah, sakola luhur-luhur, nepi ka boga gelar sarjana sagala, ari teu bisa dipraktekkeun dina kahirupan sapopoe mah. Lebar pisan, pokna teh. Nya, ku ayana pemilihan desa ieu, ceuk babaturan teh, mangrupa hiji kasempetan pikeun nyalurkeun jeung ngamalkeun hasil tina sakolakaan pikeun ngokolakeun masarakat. Sugan bae bisa kapilih ku masarakat, pokna deui..

"Upami bapa bade nyalonkeun jadi Kades, ku abdi saparakanca bakal didukung pisan," ceuk Amin sobat kuring ngahatean. Sangkan kuring bisa maju kana bursa calon Kades. Lantaran di daerah kuring, teu aya pisan nu daek nyalonkeun. Nya, kuring sorangan nu pantes milu tandang makalangan kana bursa calon Kades teh.

"Insya Allah, rerencangan nu sanesna ge bakal ngadukung ka bapa," ceuk Didin nu diuk gigireun Amin milu nimbrung.

Lantaran loba nu ngadukung, loba nu nitah nyalonkeun. Ahirna, kuring miluan kana bursa calon Kades. Harita teh nu nyalonkeun ngan aya duaan, tilu urang jeung kuring. Sugan bae, kuring bisa kapilih jadi Kades.

Pikeun nyalonkeun jadi Kades teh, henteu haratis. Tapi loba unak-anikna. Loba duit nu kaluar. Lain ratusan rebu deui, tapi ngajuta. Keur itu tea, keur ieu tea. Keur serangan pajar, keur nyieun jalan RW, ngarah loba nu milih ka kuring jeung sajabana. Lamun diitung-itung mah, duit nu beak dipake kampanye keur masarakat teh leuwih kana puluhan jutana. Untungna teh, kuring boga duit simpenan. Teu nyoceng resiko dapur sapopoe.

Ngarah kuring tinekanan, bisa sukses jadi Kapala Desa, kudu aya tim suksesna, ceuk Amin jeung Didin mah. Nu tugasna, pikeun ngolo jeung ngajak masarakat sangkan dina pemilihan Kades, nyolok ka kuring, cenah. Nu jadi pupuhuna teh, Amin jeung Didin. Lantaran maranehna leuwih akrab jeung masarakat. Keur kapentingan tim sukses, kuring teh kudu daek udulan duit. Sabab, jaman ayeuna mah, teu aya duit, moal dipalire ku masarakat.

Pisabulaneun pemilihan Kades ge, imah kuring teh haneuteun bae. Unggal peuting loba masarakat nu daratang ka imah, ngawilujengkeun. Ngadoakeun, sangkan kuring bisa kapilih jadi Kapala Desa. Keur tamu nu daratang teh, tangtu bae kudu disuguhan. Pamajikan kapaksa kudu cakah-cikih, nyuguhan semah. Matak lieur, pokna teh. Sabab, tamu nu datang ka imah, lain saurang, dua urang, tapi sok ngabring, aya kana sapuluh urangna, sarintakan teh.

Teu Kapilih Jadi Kades

Aya babasan, kaduhung mah tara ti heula. Lamun kaduhung bisa ti heula mah, bisa ditawar, meureun kuring ge bakal mikir dua kali rek nyalonkeun jadi Kades teh. Bakal nimbang-nimbang heula. Tapi ayeuna mah, ibarat beas geus jadi bubur, moal bisa jadi beas deui. Moal bisa balik ka asal deui. Ayeuna mah, kari kaduhungna, sagede gunung. Sabab, geus beak duit puluhan juta, tapi gagal jadi Kades. Sedih puguh ge.

Masarakat nu daratang ka imah, ngawilujengkeun, ngadoakeun teh, dina emprona mah, sihoreng milih ka batur. Lantaran datang ka imah calon Kades nu sejen mah, balikna teh bari dibekelan duit. Sedengkeun nganjang ka imah kuring, ngan saukur disuguhan dahareun wungkul.

Isuk-isuk rek pemilihan Kades ge, tim sukses kuring, ngayakeun "serangan fajar". Ngadatangan ka imah-imah warga bari susulumputan, mere duit keur bekelna, ngarah milih ka kuring. Sihoreng, dina waktu nyontreng mah, tetep bae milih ka batur. Duka teuing ku naon kuring ge teu ngarti. Naha duit ti kuring leutik atawa ku tim sukses duitna teu dibikeun ka warga. Kuring mah teu nyaho.

Teu kapilih jadi Kades, kuring tetep wiraswasta. Kukumpul deui duit, ngarah duit nu geus beak dipake nyalonkeun Kades kagantian deui. Karunya ka pamajikan puguh ge. Nu geus ngadukung kuring bebeakan, ahirna ngegel curuk. Najan pamajikan cicing tara daek nyarita ge, tetep bae dina batinna mah ngarasa sedih. Lantaran kuring teu laksana jadi Kades.

Dititah Jadi Caleg

Gogoda hirup didunya teh, sok loba bae. Teu kaop duit ngumpul, aya simpenan. Beak koredas deui. Teu bisa dihalangan, teu bisa diulah-ulah atawa dicarek. Kuring kalah kabita, hayang miluan jadi caleg. Padahal, gawe kuring sapopoe teh wiraswasta, can ngalaman ancrub kana dunya pulitik. Tapi duka ku naon, bet kalah kabita ancrub kana dunya pulitik sagala. Hayang jadi anggota dewan nu terhormat. Ngarah loba duit. Digawena nyalse, teu beurat pisan.

Sobat-sobat kuring nu ngusrog-ngosrog teh, sangkan kuring ancrub kana dunya pulitik. Lebar, pokna teh. Kasempetan hade pisan. Gagal jadi Kades, sugan bisa laksana jadi caleg. Ieu teh, kasempetan emas. Sabab, kuring dicalonkeun dina nomer urut hiji. Calon jadi, pokna deui.

Saha nu teu hayang jadi anggota dewan? Gajih gede, terhormat, pagawean hampang pisan. Matak kabita puguh ge. Kuring ahirna mah, daek dicalonkeun. Nu penting mah, muga-muga bae, bisa laksana jadi anggota dewan. Soalna, daerah pemilihanana, daerah kuring sorangan jeung daerah nu geus kaider, remen kaanjangan ku kuring. Maranehna ge pasti geus apaleun pisan ka kuring teh.

Keur kampanye, panyana teh bakal meakeun duit saeutik. Sihoreng, geuningan duit teh udulan teu puguh. Beak duit teh aya kana lima puluh juta leuwihna. Dipake nyieun poster, nyieun stiker, nyieun baliho jeung unak-anik nu sejenna. Ditambah keur tim suksesna. Sabab, tim sukses ge kudu dibere duit, diongkosan unggal poe. Lantaran maranehna jadi tulang punggung kuring. Lamun tim suksesna hasil, tangtu kuring bakal laksana jadi anggota dewan. Lamun tim sukses teu hasil, kuring bakal ngegel curuk. Sabab maranehna nu nepungan ka imah-imah, mere nyaho, ngayakeun sosialisasi, ceuk basa kerenna mah. Nu intina mah, tim sukses teh, ngabejaan jeung ngelingan ka masarakat, sangkan dina waktuna nyontreng milih ka kuring.

Gagal Deui Bae

Dina sawangan mah, kuring teh bakal laksana jadi anggota dewan. Sabab, tim sukses kuring geus ngajanjikeun bakal gul. Geus kacekel dina leungeun, cenah. Kuring bakal bisa diuk dina kursi dewan di kabupaten. Lain ngan saukur dina sawangan wungkul, tapi bakal jadi kanyataan, ceuk sobat kuring nu jadi tim sukses mah. Masarakat nu geus didatangan ka imah-imah ku tim sukses, geus jangji dina Pemilu teh bakal milih kuring, moal rek milih ka sasaha deui.

Kuring ge atoh kabina-bina. Gede hate pisan. Teu laksana jadi Kades, atuh laksana jadi anggota dewan. Udulan duit gede ge, moal panasaran. Nu penting mah, bisa ngasaan diuk jadi anggota dewan. Hate teh moal matak panasaran pisan.

Enya, dina taksiran mah, kuring teh bakal laksana jadi anggota dewan. Sabab, loba pisan nu ngadukungna. Si itu, si ieu, pada nyaho ka kuring. Maranehna jangji bakal ngadukung ka kuring dina Pemilu.

Kuring sorangan ge teu cicingeun. Unggal poe ti mimiti meletek panon poe, nepi ka tengah peuting ngurilingan lembur. Ngadatangan ka imah-imah, ngobrol ngeunaan visi jeung misi kuring lamun kapilih jadi anggota dewan. Maranehna ge satujueun pisan. Malah siap ngadukung kuring, asal sanggeus jadi anggota dewan ulah poho ka lembur manehna,cenah. Lembur manehna kudu jadi prioritas nu utama. Ku kuring ge disatujuan.

Kuring ge ngarasa atoh kacida, sabab loba masarakat nu rek milih kuring dina Pemilu. Dina kertas mah, kuring teh geus piguleun, bakal jadi anggota dewan terhormat. Muga-muga bae, sing ngabukti, sing jadi kanyataan, ulah ngan saukur dina keretas wungkul.

Dina prakna Pemilu ge, kuring mah cicing bae di imah. Kaluar-kaluar teh, rek nyontreng wungkul. Geus nyontreng mah, balik deui ka imah. Ngadoa. Sangkan kuring bisa laksana jadi anggota dewan.

Hirup manusa mah geuningan geus aya nu ngatur. Urang mah ngan saukur darma ihtiar wungkul. Saperti nu kaalaman ku kuring pribadi. Usaha mah, geus toh-tohan, geus maksimal. Sagala tarekah, dilakonan. Tapi geuningan, ari Gusti Nu Maha Kawasa can marengkeun mah, masing dina sawangan bakal gul ge, angger bae ngulahek. Nu tadina jangji rek milih kuring dina nyontreng dina bilik suara ge, sulaya dina jangji. Maranehna kalah ka nyontreng gambar nu sejenna, lain gambar kuring sorangan.

Geus nasib kuring meureunan. Geus kukumpul duit gede, hayoh kabongbroy hayang jadi anggota legislatip sagala. Duit beak, jadi anggota dewan mah, ngulahek alias gagal. Matak sedih we. Sabab, duit nu dipake kampanye teh, lain bae duit meunang kukumpul, tapi meunang nginjeuman ti batur. Ayeuna sanggeus lekasan, kalah ka hutang gede, kudu dibayaran.

Muga-muga pangalaman kuring teh, jadi eunteung pikeun balarea nu hayang nyalonkeun jadi caleg. Ngarah samemeh nyalonkeun teh, kudu mikir asak-asak heula, ngarah teu kaduhung engkena. Lamun hayang jadi caleg, kudu boga duit tiis, ulah duit panas meunang nginjeuman. Sabab, duit meunang nginjeum ti batur mah, kudu dilunasan. Kudu dibayar deui. Teu bisa mayar, imah atawa sawah bisa dijabel ku batur. Ahirna, pikiran jadi stress.

***

Tidak ada komentar: