Munara Cahya
Ibnu Qayyim nétélakeun, yén kasadaran manusa dina ngalakukeun kamungkaran atawa kamaksiatan téh aya tingkatanana nurutkeun kana golonganana. Istilah golongan éta disebutna masyhad. Dina basa Arab masyhad asal kecapna tina syahida nu hartina nyakséni. Jadi masyhad hartosna kumpulan jalma jeung nyakséni kana hiji perkara. Jadi sacara istilahi masyhad téh kumpulan jalma-jalma nu ngabogaan ciri nu sarua dina polah jalma nu ngajurung nafsu dina kamaksiatan. Ibnu Qayyim nyebutkeun masyahidul khalqi fil ma'shiyyati. Manusa ngalakukeun ma'siat ku rupa-rupa nu baréda nurut kana golonganana. Diantara golongan nu kaasup méngparkeun bebeneran téh, nyaéta masyhadul hayawaniyyah, golongan sasatoan. Sifat jalma nu kawas golongan sato téh saperti, jalma nu mikirkeun dirina sorangan, teu ieuh mikiran batur. Manéhna teu boga kanyaah ka papada manusa. Istilah ceuk jaman kiwari mah boga sifat égois. Saperti sasatoan, cukup mikir keur dahar, nginum ku carana sorangan. Manusa nu dibekelan akal, lamun cukup jiga kalakuan sato, éta jalma kaasup kana golongan masyhadul hayawaniyyah.
Naon sababna? Ibnu Qayyim nyebutkeun, alatan kararitu, masyhad ieu mung ngarujung hawa nafsu, néangan kasenangan lahiriah bari teu paduli kumaha carana mah.
Ku margi kitu, dina nyanghareupan mangsa kiwari, mangsana milih pamingpin, kaum muslimin ulah kabobodo. Sabab lamun geus kabobodo, naon bédana jeung jalma bodo. Lamun geus katerapan jalma bodo, sakumaha dawuhan Rosul bakal nimbulkeun nu ngaranna fitnah.
Sifat manusa nu disebatkeun di luhur numutkeun Ibu Qayyim bakal nurunkeun darajat kamanusaan. Malahan ahlak jeung pikiranana bakal ancur, leuwih ancur tinimbang sato.
Rosululloh SAW méré ugeran yén dina mangsa engké aya karisi jeung karempan pikeun umatna. Kaum muslimin sangkan tatan-tatan, caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket pikeun nyanghareupan mangsa anu bakal nyilakakeun sakumna umat anu balangah. Sing saha jalma anu kaolo, kabobodo ku éta jaman, moal bisa dipungkir deui éta jalma geus kaséréd, ka pélét ku pangbibita paripolah sétan.
Ku margi kitu, moal bisa dihalangan deui, nerapna panyakit munapék. Deukeut pisan fitnah jeung munafik. Jalma munafik pastina resep nimbulkeun fitnah. Mangga émutan, bohong atawa hianat, éta téh sarua ayana di jalma nu resep nimbulkeun fitnah. Alatan éta, bakal datang nu ngaranna panyakit haté. Jalma munapék moal ngareunah lamun manusa sejenna, sainganana meunang kabagjaan. Baris dikukuntit ku rasa panasaran. Saur Imam Ghozali, panyakit haté manusa, lir ibarat panyakit belang dina beungeutna, bari manéhna teu bogaeun eunteung. Jeungna deui, upama aya anu mépélingan ogé kalah malik ngéwa. Luyu sareng dawuhan Alloh dina surat al-Nisa ayat 145 : "Innal munafiqiina fiddarkil asfali minannari walan tajida lahum nashiron" hartina; Saéstuna jalma-jalma munapék diperenahkeunana di naraka anu panghandap-handapna, jeung moal aya anu bisa nulungan ka maranéhna. Naudzubillahimindalik.
Nyegah Mumusuhan
Nalingakeun pajamanan kiwari, duka jamanna koalisi duka jamanna kolusi, salawasna umat Islam kudu ngemutan heula, pidawuh Alloh dina surat al-Baqarah ayat 193 : Waqootiluhum hattaa la yakuna fitnatun wa yakunaddinu lillahi, fainin tahau fala 'udwana illa 'aladhdholimiin. Hartosna kirang langkung : "Jeung prak perangan ku maranéh nepi ka teu aya deui gangguan (fitnah), jeung nepi ka agama téh ngan nu kagungan Alloh baé, tapi upama maranéhna geus eureun, ulah aya deui mumusuhan anging jeung jalma-jalma anu darolim."
Dina mangsa kiwari, mangsana nyanghareupan milih pamingpin bangsa di urang ogé, sok aya istilah tim suksés, tukang ngomong nepikeun program calon présidén pikeun narik simpati masarakat. Di dieu omongan jalma, bisa waé ngundang fitnah. Bakal muncul fitnah-fitnah anyar pikeun ngagebruskeun lawan politikna.
Ku margi kitu, dina naon waé, bagja jeung cilaka hiji jalma gumantung kana omongana. Lamun omonganana dina jalan bebeneran geus pasti meunang kabagjaan. Sabalikna lamun omonganana ruksak, teu mawa mangpaat, pastina cilaka atawa sumberna nu jadi fitnah. Jalma anu ngarti ka diri atawa nu bener-bener nganggem agama, tangtuna omonganana ogé bakal diriksa. Pidawuh Rosul, Al-muslim, man salima muslimuna min lisanihi wa yadihi. Nu sebut jalma muslim téh, nyaéta jalma nu bisa salamet tina omongana jeung leungeunna.
Ku kituna hayu urang regepkeun deui dawuhan Alloh dina surat al-Baqarah ayat 191 : "Wal fitanu assadu minalqotli" hartina; Jeung fitnah éta leuwih gede bahayana tinimbang rajapati. Kitu deui saur Alloh SWT. : "Fainin tahau fala 'udwana illa 'aladhdholimiin", hartosna : tapi upama maranéhna geus eureun, ulah aya deui mumusuhan anging jeung jalma-jalma anu darolim."
Tilu Sikep Pamingpin
Dina mayunan mangsa kiwari, masing jadi eunteung pikeun kaum muslimin. Rosulullah salaku pamingpin dunya, geus sakuduna kiwari, urang dina milih pamingpin ogé kudu nu jujur, amanah, fatonah jeung tablég. Nu jujur, dipercaya (tara hianat), pinter ogé wani nepikeun, mana nu bener mana nu salah.
Pamingpin nu taretep dina jalan anu bener, bakal dipiharep ku kaum nu ariman. Sabalikna bendu pamingpin nu boga sifat ati mungkir beungeut nyanghareup, lain dina letah lain dina haté. Ku kituna kaayaan di urang mah, nu kitu téh lain teu aya. Kieu teh tiasa janten, karana seueur keneh jalma atawa pamingpin nu kalebetkeun jalma nifak téa. Ku kituna, pamingpin mana nu janten pilihan?
1. Istiqomah. Pamingpin kedah ngagaduhan sipat istiqomah. Panceg iman ka Alloh jeung ka Rosulullah, éta nu leuwih utama. Teu tiasa dipungkir deui, cocoba, ujian nu karasa ku umat Islam. Rék masalah atikan, pangangguran, pulitik (siyasah), atawa khilafah (kapamingpinan). Contona dina masalah atikan, umat Islam kalebet kaum nu teu uteukan. Ieu nu kudu buru-buru dirobah. Urang kudu istiqomah, umat Islam kudu jadi umat nu palinter.
2. Resep silaturrahim. Kaum muslimin kedah milih pamingpin nu nyeueurkeun silaturrahim, nu sieun lamun umatna paburencay, silih jongklokeun, silih goréngkeun komo saling fitnah mah. Geus jadi conto dina sajarah Islam, kumaha akibat tina saling fitnah, ahirna umat Islam ancur saréréa.
3. Kudu resep tutulung (Ta'awun). Perkara ta'awun pikeun pamingpin geus dicontoan ku Rosulullah SAW. Sabab, disatengahing bangsa nu walurat, loba nu masakat, pamingpin oge kudu nu resep tutulung. Pamingpin nu sieun, yén kafakiran téh bakal ngabalukarkeun kakufuran. Saur Rosul, "kadal fakru ayakuna kufro" (jalma fakir bakal deukeut kana kufur).
Mudah-mudahan, kaum muslimin teu kagolongkeun kana jamma nu fakir jeung kufur. Ku kituna, pamingpin nu resep mikanyaah jeung resep tutulung ka papada manusa, sakumaha Rosulullah SAW geus dicontokeun. Ta'awun ogé sanés wungkul dina masalah harta, tapi dina masalah pamikiran. Seueur partéy Islam atawa organisasi Islam nu can enya-enya merjuangkeun umat.
4. Pamingpin nu tawakal. Sanajan masih loba panyakit umat Islam nu ngabalieurkeun ajaranana, tapi pikeun umat Islam nu bener-bener nyekel agamana, ahirna kedah tawakal sakumaha dicontoan ku Rosulullah SAW. Rosul upami tos usaha nu kalawan enya-enya tapi teras-terasan kenging ujian, mantenna nyerahkeun deui ka Alloh. Ieu pisan, umat Islam sareng pamingpin di urang kirang ngagaduhan sipat tawekal. Lamun umat Islam di uji, kalolobanana mah sanés tawekal ieu, tapi kalah nyalahkeun alam jeung ajaran Islam sorangan.
Ku kituna, mangga urang sing papinter-pinter dina milih pamingpin nu leres-leres luyu sareng ajaran Alloh jeung Rosulullah. Balik deui kana sifat kamanusaan nu ngadatangkeun kana kagoréngan, urang cegah ti ayeuna. Nu jadi pamingpin atawa guru, kahadé istiqomah dina bebeneran. Ulah katépaan nu ngaranna masyhadul qalbiyyah. Nu jadi pangusaha, kahadé ogé ulah katépaan sifat hubbud dunya.
Kitu deui saur papagon agama, "Dzaalikal kitabu la roiba fihi hudal lil muttaqin", Papagon nu teu aya deui karaguan pikeun tujuan hirup manusa nu takwa nu miseja bagja di dunya, bagja di ahérat, iwal jalma nu mikacinta kana kitab Allah, Al-Qur'an salaku pituduh Allah Swt.
Mudah-mudahan urang sareng dipamingpineun urang kalebet kana golongan nu bakal disalametkeun dina syafaat Rosulullah engké di yaomul qiyamah. Amien.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar