Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Minggu, 30 Agustus 2009

Kahatur Papayung Kalbu

Parantos Geulis, parantos katampi. Leres tos rada lami. Aya panginten ari kana sapuluh dinten mah. Ih, henteu. Henteu dipiceun. Piraku teuing dimomorekeun. Samalih mah dipusti-pusti. Disimpen dina loket, supados kabantun kamana-mana. Kantenan we sami mah. Paraosan Engkang ge teu bina ti nu kamanah ku Eneng. Asa reugreug ari nyimpen serat dina loket teh. Engkang mah asa teu weleh nyandingkeun jirim nu geulis, panyileukan siang-wengi. Asa aya nu nalingakeun. Asa aya nu teu weleh ngabebenah lengkah malar teu mengpar tina jangji nu teu kendat dikedalkeun ku urang duaan saban tepang. Dianggo isim ku Engkang mah serat teh Geulis. Teu weleh diaos saupami Engkang emut ka Eneng. Teu weleh digugulung upami Engkang sono ka Eneng. Dugi ka parantos kucel awahing ku sering teuing digugulungna, da geuning bet saban usik sono Engkang ka Eneng teh.

Engkang teu enggal-enggal ngawaler teh kumargi ngaraos baluweng. Bingung. Bet sapertos nu ngadadak linglung. Asa kabur pangacian. Henteu terang kedah kumaha nya peta. Antukna ngahurun balung. Sedih kingkin dina ati, bangbaluh minuhan kalbu. Duuuh.

Dina waktos Engkang baluweng awahing ngemutan Eneng, raraosan teh aya nu nuyun. Lengkah nu ngadadak hampang, kahoyongna teu dipungpang. Ku Engkang estu digugu bade kamana leosna. Horeng ka jongko anu sasari, caket pengkolan paranti urang biasa tepang. Ari anu tunggu jongko, barang gok langsung pepeta, arapap-eureupeup bari papuket. Saena Engkang tos apal kana pamaksadanana. Awahing ku sering “ngawangkong”, upami Engkang nitip serat kanggo Eneng, Engkang jadi apal kana basa isaratna. Leres saur Eneng, manehna mah tiasa dipercanten, moal ngucah-ngaceh kanu lian lalakon urang duaan. Padahal apan sakitu seringna urang nitipkeun serat katresnan upami pareng tos teu kaampeuh nahan sono anu hoyong ngagolontor awahing lawas teu tepang.

Pangna pepetana papuket, maksadna mah hariweusweus, rusuh nghadongengkeun Eneng nu majar ngantos-ngantos serat waleran. Engkang reuwas majar dina soca Eneng aya nu ngembeng sagala rupi. Duuh lebar temen eta damis nu walagri saupami kedah jadi pameuntasan cisoca.

Eneng, hapunten Engkang. Rumaos lepat teu enggal-enggal ngawaleran serat. Sanes ngahaja dielat-elat, sanes maksad nyiksa manah. Pamohalan teuing Engkang baris wantun kitu peta ka Eneng, pangeunteupan deudeuh saban reureuh, panitipan asih saban usik. Sanes, Geulis, sanes. Sanes ku teu aya waktos, sanes pedah Engkang repot. Apan saur Engkang oge, waktos nu aya di Engkang mah sagemblengna kanggo Eneng. Nu ku Engkang sok karaos repot teh sanes waktos nanging manah. Manah Engkang sok ngaraos kalintang reporna saupami aya dintenna teu tepang sareng salira, Jungjunan Papayung kalbu.

Sami Geulis, manah Engkang ge nya kitu pisan. Ngaraos hariwang sieun sesah kana tepang. Samalih aya karempan, inggis kasempetan dugi ka paragat pisan. Sadaya-daya Geulis, sadaya-daya. Engkang mah teu langkung Eneng kumaha ngatur waktosna. Nu dipalar asal tepang, mungguh sono sesah dipungpang. Engkang rumaos, Eneng sanes milik Engkang sagemblengna. Da mungguh Eneng aya nu gaduh, Engkang ge nya kitu keneh. Numawi ti anggalna mula tos diniatan urang mah seja TTM, “Teman Tapi Mesra”, Tepang Teras Misah. Kawuwuh apan ayeuna mah tuang raka parantos aya deui di bumi sabada dines di peuntas. (Naha atuh anjeunna teh mancen tugasna bet kirang lami nya Geulis?)***

Tidak ada komentar: