AYA uleman tausiah ti babaturan sapagawean, tasyakur anakna dumeh kabiruyungan meunang beasiswa nuluykeun kuliah di Kairo. Bagja, boga anak motekar. Cenah cita-citana oge hayang ngadegkeun sakolaan make metoda pondok pasantren moderen nu husus nampung barudak yatim piatu katut duafa, anak jalanan nu kalantar, ti tingkat diniyah tepi ka tingkat aliyah, kalayan dibebaskeun tina waragad pendidikan. Cita-cita nu kacida mulyana. Geus meunang gelar doktor arek nyoba ngajukeun proposal pikeun menta bantuan waragad ka pamarentah Kairo. Lahan mah geus aya meh dua hektar. Perenahna di sisi kota. Sakulawarga geus mupakat milu ngarojong.
Meh parat sapeuting, hujan ngecrek. Tapi kaluar ti masjid geus sholat subuh berjamaah mah, langit lenglang, loba bentang tingkareclak. Pamajikan aya ku titen, gamis setelan katut gamis manehna geus dicawiskeun dina gantungan ngagantel dina kastop di kamar, mani bodas nyacas.
Indit teh teu make motor, geus hujan tea sok becek ku cileuncang. Ongkoh da teu pati jauh. Mending tumpak beca, ambeh teu naek turun kendaraan. Sabab upama tumpak angkot, turun teh kudu naek beca deui. Ongkoh deukeut, tapi jiga jauh, ti Babakan Sari ka Suka Bakti teh, sawewengkon Kecamatan Kiaracondong keneh. Mun boga mobil pribadi mah moal inggis kabancuh hujan.
Hayang boga anak teh maraju sakolana. Tapi jaman kiwari mah beurat jeung eungap ku waragadna. Hayang cacap perguruan tinggi teh, budak tilu naha kahontal atawa? Pikiraneun beurang jeung peuting. Mangkaning si cikal hayang jadi dosen, nu panengah hayang jadi dokter spesialis anak, nu bungsu hayang jadi pengacara. Mani sakitu laluhur cita-citana mah. Saha kolotna nu teu hayang ngamajukeun anak. Mending ngawariskeun elmu ka turunan mah, katimbang ngawariskeun harta mah bisa keuna ku beak. Ari elmu mah moal beurat mamawana, gede gunana pikeun diamalkeun. Tampolana sok ngarasa leutik hate, naha mampuh kitu kuring nganteur ngarawel cita-cita nu jadi anak? Cacak waragad pikeun di lanjutan atas oge mani geus riweuh ngaturna. Duit gajih pabenyeng-benyeng jeung kabutuhan sakola budak.
Sok karunya ka pamajikan sakapeung sok luhlah. Teu ngabibisani kituna mah, kaharti ku logika. Ngajeujeuhkeun duit gajih, ku ijiran mah moal matak picukupeun, tapi awewe mah bisa ngatur-ngaturna. Kuring boga pamadegan, peupeuriheun kuring mah ngan saukur ngantongan ijasah lanjutan atas, barudak mah kudu saluhureun. Tah ieu teh, ulah jadi pamohalan, mungguhing ceuk kahayang mah.
"Aka jaga teh hoyong nyenangkeun Bapa katut Mamah. Tangtos kedah ku bekel elmu," ceuk nu cikal pamikiranana geus cukup sawawa.
"Ika mah hoyong ngiring nyehatkeun bangsa ngalangkungan elmu kadokteran," ceuk nu panengah.
"Oka oge hoyong janten penegak hukum nu jujur," ceuk nu bungsu.
Reueus. Tapi keueung ku waragadna. Pamuga Allah marengkeun.
Sabeca jeung pamajikan, diuk bet teu tumaninah. Diuk dina jok teh rada beh hareup, bujur teh nember rada nyangigir. Ti mimiti gek oge geus teu ngeunah, cangkeng karasana nilep, tuda tempat diuk teh meh beak. Ari kudu masing-masing kana beca, pulang-pergi teh meureun ongkosna jadi gede, sarua jeung ongkos ka lembur soranganeun. Ari teu ngahadiran piraku, pasti dipangloh.
"Diit geura Mah," cekeng teh ka pamajikan bari rada nyengkatkeun bujur, bitis katuhu karasa singsireumeun, pingping kenca rada baal.
"Bapa oge pan salira teh ngaageungan."
Serepet mobil dituturkeun ku motor mani mangprung.
"Ngagedean oge bapa mah ka hareup. Kana padaharan jadi bucitreuk. Ari Mamah mah kana imbit. Akibatna nya kitu, ari sakalieun tumpak beca bareng teh, marepotkeun."
Anjog ka jalan Ibrahim Adji teh, kendaraan mani ngantay. Di pertelon pakiweuh ku angkot nu arek ka sisi ngakut muatan. Tingserebet jiga teu paur ku picilakaeun. Aya nu kutuk gendeng oge nu make motor jigana teh teu ieuh didenge. Dapon meunang muatan. Nu tumpak pinuh. Ngudag setoran. Maremana isuk-isuk jeung sora dina mangsa jalma baralik digawe. angkot beuki loba, beuki heurin usik, neang muatan teh nyasatna mani paboro-boro, teu nolih picilakaeun. Kuduna mah Pamarentah Daerah teh ngayakeun tarekah, sangkan nyengker panambahan angkot ku jalan teu ngaluarkeun ijin trayek. Ijin trayek anyar dikaluarkeun, tapi pikeun tukeur angkot nu geus kolot umurna, diganti ku mobil anyar. Trayek mobil kolot dicabut, sugan mah bakal bisa ngungkulan masalah angkutan umum nu beuki padet. Ieu mah ceuk kuring, salaku warga kota Bandung nu kotana hayang tetep asri ulah bermasalah. Kuring nineung ku Bandung baheula, keur jaman kuring leutik, angkutan teh basajan, cator, delman, beca, sapedah lolobana mah, ari isuk-isuk teh mani ngabring. Motor oge ukur Ducati jeung meteor, motor gede masih tacan loba nu boga. Tumaninah di jalan raya teh, tara ngarasa inggis, tara ngarasa paur. Ari ayeuna, mun urang tutumpakan balangah teh bisa dihakan ku nu sologoto. Angot angkot mah geus loba kacaritakeunana.
Liwat pintu kareta api teh macet total, padahal poe Saptu. Kendaraan teu bisa ngarayap-ngarayap acan. Sora motor tingberebet nyelendep nyokot jalan sisi ngacretkeun cileuncang nu geus guley jeung runtah pasar. Heuh... leungeun baju kakecretan, warna bodas tea mani babarian. Beca nu ditumpakan teu bisa maju, arek nyokot jalan nyisi heurin ku beus angkutan karyawan nu dipaehan heula mesinna. Angger Kiaracondong mah, sangkilang geus aya jalan layang.
"Na supir teu boga pikiran, bet nutup jalan. Mobil gede deuih. Piraku teu nyaho, keur mobil teh pan sajalur."
Kadenge tukang beca kutuk gendeng. Haseup mimiti mulek. Naha atuh ari sebrot teh cai ti luhur mani meneran kana beca nu ditumpakan. Tayohna mah cai nu nguyumbang di jalan layang kageleng ku mobil. Korban. Pakean kuring jeung pamajikan nu sarwa bodas teh kasimbeuh. Pamajikan gegeremean. Kuring ngusap cai dina beungeut.
"Ti luhur Bu. Abdi oge jibrug," ceuk tukang beca.
Jrut kuring turun heula, suku ingkud pegel jeung singsireumeun. Gamis bodas geus teu nyacas deui.
Aya naon atuh nya kendaraan teh bet macet kieu, cekeng teh dina hate. Sora mesin kendaraan jadi teu puguh dengekeunana, bau haseup knalpot nu beuki mulek maseuk irung. Kacipta lamun mawa nu arek saborosoteun ngajuru, pastina ge bakal jebrol manten.
"Moal isin kitu Pa, gamis janten kotor," ceuk pamajikan bari ngepruk-ngepruk gamis nu kabancuh.
"Piraku kudu wangsul deui mah. Gentos deui anggoan. Mundur oge beca moal tiasa. Keun bae lah," walon teh kapegat ku sora klakson angkot gigireun beca.
"Maju atuh euy!!" gorowok supir angkot.
Ditempas ku klakson mobil sejen, bakat ku ngarasa kesel. Jadi patembalan teu puguh dengekeunana.
"Treuk runtah mogok malang ngahalangan jalan!" ceuk supir angkot ti jalur beh ditu.
Pantes atuh ceuk gerentes teh bari ngarenghap.
"Kumaha atuh Pa?" tanya pamajikan.
"Nya sabar bae. Pastina oge treukna keur pada ngadorong," walon teh bari nempo arloji, "Aya keneh waktos. Tos lancar deui mah kendaraan, paling sapuluh menit ka tempat teh."
"Dugi ka dieu we atuh tumpak becana. Ti dieu ka pengkolan urang mapah. Naek beca deui." Jiga rada jamotrot.
"Sabar Mah. Karunya ka Si Emang atuh," walon teh bari ret ka tukang beca nu semu keom. Sora kasilep.
"Bilih ngabujeng waktos mah, nya mangga bae bade dugi ka dieu. Mangga teu nanaon Bu Haji," ceuk tukang beca ka pamajikan. Amin, disebut Bu Haji. Pedah kuring duaan make saragem gamis meureun.
"Ah sawios pameng, Mang. Aya keneh waktos..." sora kapotong ku beus hareupeun. Angkot geus mimiti aya nu maju lalaunan. Bareng jeung kuring arek naek deui kana beca, gerung beus rada tarik sorana, peledug haseup hideung mani mulek. Haseup solar. Beuki mulek. Jadi poek. Puguh dina beca teh jadi kasebrot ku haseup.
"Aduh!... aduh... Bapa... kumaha ieu teh!" ceuk pamajikan bari kapas-kepes. Kuring jadi bingung. Kadenge gasna teh kalah beuki digerung-gerung tapi bari tacan bisa maju, da maling jalan ka sisi. Atuh haseup teh beuki mulek hideung.
"Goblog siah! Mulek euy!..." gorowok tukang beca.
"Enya... kumaha atuh ieu teh Emaaaang..." kituna teh pamajikan bari arek turun tina beca.
Ku kuring ditahan.
"Tah geuning beus karyawan mimiti maju," ceuk kuring jadi kaweur.
Gamis nu cikeneh kabancuh cileuncang, nyasatna mah tuluy dipuput ku haseup solar nu mulek hideung, jadi teu puguh rupa. Heug gamis anyar dipake. Beungeut pamajikan pinuh ku mehong, jigana kuring oge moal beda ti kitu. Beu! Damang atuh ieu mah.
"Hayu mulih deui Pa..." ceuk pamajikan. Karunya. Keur kakara teh diajak ngaluuhan tausiah.
Kuring ngahuleng heula bari neuteup pamajikan nu gamisna lamedong, beungeutna mehong. Lalaunan diajak turun. Beca nyisi. Nu lalar liwat geus teu dipalire. Beungeut pamajikan diusap ku saputangan.
Geus teu kudu dipikir deui, piraku kudu dituluykeun mah ka tempat uleman, kuriak disarebut jalma owah.
Tukang beca oge sarua, ngelapan beungeutna ku anduk leutik nu katempona geus ledrek.
"Hayu Mang ah, balik deui. Sok Bu naek deui," ajak kuring, sora karasa heumpeung. Teu daulat ieu mah.
Tepi ka imah, di teras keneh kalah diseungseurikeun ku Si Ika. Mani ngehkey, jiga manggih kalucu.
"Ku naon ari Bapa sareng Mamah? Sae ceramahna? Na geuning sakedap?" tanya Si Ika mani murubut.
Teu diwalon. Komo bari jeung kudu ngeceskeun.
Abong budak can dewasa, kalah cakakak deui.
"Tos ah Ika," ceuk kuring halon.
Si Ika kalah beuki nyakakak. ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar