Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Minggu, 01 Agustus 2010

Nu Niruk Jajantung

HABEN dipikiran ge kalah matak baluweng. Teu ngarti! Eta kitu nu disebut cinta teh? Wah ketang, cinta soteh mun papada lengoh. Keur barudak, nu mangkat beger, pantes disebut cinta oge. Ieu mah da puguh sarua geus maju ka kolot. Kuring boga salaki, anak satilu-tilu geus galede. Manehna ge boga anak pamajikan deuih.

Sagulung-sagalang. Geus asa jadi baraya, boh manehna boh pamajikanana. Anak-anakna ge apan sakitu raraketna. Jeung tatangga deukeut tea, leuwih ti ka dulur pet ku hinis. Imahna teh peuntaseun beulah kenca. Deuheus. Deuheus pisan malah mah, ka mana-mana g‚ boh ka ondangan boh piknik, sok babarengan wae. Mun teu kana mobil manehna, nya sok kana mobil nu kuring. Manehna jeung salaki di hareup. Kuring jeung pamajikanana pagegeye di tukang.

Teu kahartina teh bet kadieunakeun, make sok kapibeungeut wae teh. Bararaid! Bogoh ka salaki batur! Teu! Teu deuk! Setan! Setan la'natulloh! Teu boga kira-kira! Napsu, lain bogoh, lain cinta, lain asih. Istigfar! Istigfar! Eta teh ceuk hate sorangan. Mindeng marancahan sorangan ari manehna keur ngalangkang wae dina beungeut teh.

Teu puguh mimitina. Nyaho-nyaho geus matuh weh dina jojontor hate. Teu ingkah-ingkah. Disieuh-sieuh teh kalah terus ngupuk, ngacak-ngacak rasa. Asana teu kieu-kieu teuing basa mimiti amprok jeung pisalakieun ge. Lumrah we. Manehna hayang, kuring daek. Pruk kawin. Euweuh pasualan nanaon. Hirup rumah tangga bagja we sakieu mah. Tara kungsi pasea rongkah, malah ceuk batur mah rumah tangga teh, picontoeun pisan. Salaki teu merkela, kuring nya kitu. Neangan naon deui, barina ge.

Basa salaki gering. Manehna, enya salaki batur tea, besuk. Teu jeung pamajikanana, cenah mah, ngahaja dibagi dua. Pamajikanana ka pangajian, manehna ka rumahsakit. Matak kitu ge da neang sobatna, meureun. Bapana barudak teh apan sobat medokna ti keur papada bujangan. Manehna nangtung gigireun ranjang beulah katuhu, ari kuring diuk dina bangku beulah kenca bari nyekelan leungeun salaki nu rada bukekeng da diinpus.

Biasa we, manehna tatanya sagala rupa, tina kasakit kana pulitik. Salaki mah ukur ngahaminan we. Ki Semah teh diasongan bangku sina diuk. Teu daekeun. Pajah teh kuring nu kudu diuk mah, nungguan nu gering parat sapoe sapeuting. Atoh, boga tatangga teh sakitu haatna, ngalongok, sasat pangheulana. Batur geus baralik ge, ieu mah uplek we ngajak cacarita. Tapi kawasna lain atoh pedah kitu wungkul. Aya leuwihna, da make ngarasa bagja pabaur jeung era. Puguh ka manehna mah ti beh ditu keneh ge rarasaan teh beda jeung ka nu sejen. Batur sakomplek jeung batur sapagawean salaki ge apan sakitu lobana, tapi nu ieu mah asa nyengceling.

Sababaraha menit deui ka magrib amitan. Cenah mah rek ngadon magrib di masjid rumahsakit. Reres solat moal ka kamar deui, rek terus balik.. Dianteurkeun ka lawang, bari nganuhunkeun. Kuduna mah terus we ulah make malik. Ieu mah ngajengjen. Bet kalah paadu teuteup. Waleh we, asa disirep. Ngajengjen dina lawang. Asa leuleus satulang sandi. Eta meureun nu disebut panon lalaki teh. Ngenclong, tapi seukeut nurihan jajantung. Padahal ukur sajorelat tapi asa antel hihideung panonna jeung hihideung panon kuring teh. Renghapna ge asa bareng pisan jeung renghap kuring.

Gura-giru asup bari nutupkeun panto. Mantuan salaki tayamum. Sorangan leos ka cai, wudu ge asa beda, ngahaja beungeut ge diusap bari asa tandes pisan. Lebah panon mah komo teu sirikna dikucek-kucek. Angkanan teh hayang beresih. Ulah aya nu ngalangkang. Hayang ulah aya hahalang antara kuring jeung nu boga kuring, nu rek disembah dina solat.

Barudak tiluanana daratang rek karemit. Atuh solat teh bareng. Kuring ngimaman, tiluanana budak teh awewe. Atoh solat teh leuwih husu, da bacaan digalantangkeun. Euweuh lolongkrang setan asup kana ambekan. Nu ngalangkang ge leungit. Tapi ukur saharita jeung leungitna teh saukur tina panon, da dina hate mah angger aya. Beres solat mah nonggerak deui weh jalma nu anyar keneh jadi eusi hate teh.

Nyaho! Geus euweuh hak pikeun micinta nu lian, apan geus boga salaki. Nyaho deuih, salaki teh sakitu nyaahna ka kuring jeung ka barudak. Euweuh codekana pisan. Malaikat we sugan mah, ku beresih-beresihna. Can kungsi dicarekan, komo make dipangejatkeun mah. Nu teu kaharti teh, naha bet bageur-bageur teuing?

Sakapeung mah make jeung sok nanya ka diri sorangan. Nyaan kitu salaki teh nyaaheunana ka kuring? Boa-boa nyaah wungkul teu dibarung ku asih, teu pagalo jeung cinta. Saumur dipihukum asa can kungsi ditimburukeun. Padahal apan timburu teh kembangna cinta. Kuring onaman make sok ngaheab mun manehna sura-seuri ka awewe sejen teh. Sok buru-buru disalenggorkeun mun manehna ngobrol jeung awewe batur sakomplek oge. Ieu mah rata we, kuring banyol jeung lalaki babaturan digawena, kalah sok milu seuri. Sugan aya semu-semu teu ngeunah, tara. Komo make nyarek onaman.

Satadina mah daek banyol teh bakat ku panasaran, hayang nyeueung siak beungeutna. Mun aya kateungeunah teh apan beungeut sok beda siakna, semu-semu beureum. Salaki kuring mah teu kitu. Teu katembong robah-robah acan beungeutna teh. Enya meureun, salaki teh teu bogoheun, euweuh sir-sir acan. Marukan meureun nu disebut bagja teh ukur semet ngahiji, babarengan ngawangun rumah tangga. Sagala nyampak, euweuh kakurang. Marukan anak satilu-tilu teh mangrupa ciri gumulungna asih, beuti asih buah cinta. Ari ngan sakadar kitu mah, sato ge biseun. Teu boga asih teu boga cinta geuning teu burung rendey.

Mun dahar tea mah asa sambel teu diladaan. Asa paparahuan di talaga nu ngajumbleng, teu angin teu ombak. Basa manehna datang nanyaan, teu kaburu mikir, giak pisan nyebut manggana oge. Atuda wawuh pisan. Jalma kacida bageurna, leket ibadahna. Ari umur ganjor pisan, bedana ge 19 taun. Geus nincak umur 40 taun manehna kawin teh. Bujang kolot. Teu pati campur, komo jeung barudak awewe mah. Eraan numatak teu klawin-kawin ge. Katungkulkeun ku gawe jeung sakola. Umur 34 taun meunang gelar doktorna ge.

Asa ka bapa mimitina mah ka salaki teh. Kahayang teh diogo, embung digetrik-getrik saeutik ge. Atuh salaki, ngogo teh beak karep. Lir nanggeuy endog beubeureumna t‚h lain ukur paribasa. Sagala kahayang teu weleh digugu. Tapi lila-lila mah mikir. Hirup teh lir tangkal euweuh kembangan. Mun jalan tea mah ngabulungbung teuing. Teu pungkal-pengkol, teu renjul-renjul acan.

Bada ngajuru ku nu kadua meh-meh baruntak. Kuring keukeuh hayang balik ka kolot. Tapi ari rek digugu mah, kalah murengked. Sieun euweuh nu ngogo di imah kolot mah. Bolay rek pista teh. Manehna? Sugan ambek boga pamajikan rek pundung teh. Mangsabodo we sigana teh. Kuring mindeng nyieun pucuk ti girang, ambeh manehna ngambek. Teu baeud-baeud acan. Enya, boa-boa euweuh hatean salaki teh. Tiis, teu beda ti gebog cau.

Ayeuna, sanggeus 20 taun ngahiji, asa beuki karasa aya nu kosong dina hirup rumah tangga teh. Asa capa-cipi, barangteangan bari teu nyaho naon nu diteangan. Pedah eta meureun, ayeuna mah aya geusan ngabanding-banding. Nu euweuh di salaki teh asa nyampak di Si Manehna mah.

Ceuk hate, nu kitu nu disebut lalaki mah. Enya ge umurna pakokolot supa jeung salaki tapi ari manehna mah resep campur gaul. Dipiwanoh ku itu ku ieu. Teuing, da sarengkak saparipolahna teh asa merenah wae, asa pantes wae. Nu haben diteangan teh horeng nu kitu, lalaki nu datang ngadon ngadudutan jajantung, lain lalaki nu tiis kawas es balok. Ngarasaeun kitu ari salaki? Kuring rada robah sikep.

Ngaladenan ge asa sahinasna pisan. Puraga tamba kadengda. Atuda ayeuna mah sare ge mindeng nonggongan. Asa betah keneh sare jeung barudak di kamar luhur. Bebeja mah cukup ku teu ngareunah awak we. Nyeri suku tea, eungap tea, seueul tea. Sok giak mun diajak ka luar kota ku babaturan atawa ku dulur ge. Komo diajak ngendong mah. Aya ekol ambeh teu kudu ngalayanan salaki. Tara sugan sok nyarek. Barudak mah eta ge sok satengah nyarek kuring indit-inditan teh. Tara ieuh digugu. Barudak geus galede bari ku bapana diwarah sina harirup mandiri.

Ceuk hate keneh, bagja temen awewe nu jadi pamajikanana. Asana pantes keneh kuring mun kudu ngarendeng di pasamoan oge. Pamajikanana mah da geus aya umur bari torojogan ti lembur deuih. Teu bisa dibawa ka tengah. Tukang ngotok ngowo di imah. Hirupna teh estuning diniatan pikeun babakti ka salaki. Geus diecagkeun ti barang kawin, cenah, nu disebut hak mah. Sagemblengna diganti ku kawajiban.

Kungsi eta ge, pamajikanana nyarita, pajah salakina teh ti ngongora resep ka awewe. Leumpeuh yuni, teu kaop nyeueung nu herang-herang. Aya awewe nu mikaresep teh sok terus dilayanan. Nya, meujeuhna we, piraku teu kitu-kitu acan mah, da di pamajikanana mah loba nu teu nyampak. Tara daek dangdan-dangdan acan. Sahinasna pisan. Si Manehna teh lalaki masagi, boga rupa jeung kalungguhan. Nu euweuh di lalaki sejen teh, di manehna mah aya. Kawas beusi purasani, aya mahnit nu kacida kuatna. Teuteupna nu seukeut bisa niruk jajantung. Reretna ge aya peletan jeung kawas aya peurahan da nyaliara ka sakujur awak. Mun teu era ku kakolotan mah hayang nyangsaya dina dadana.

Aya kana sataunna ngantep rasa disasaak kanyaah teh. Dianteur we tepi ka mana oge, sanajan saukur ngulibek dina hate. Teu wani ari tipoporose, komo ngangsrog-ngangsrog diri mah. Boga keneh ari ajen diri mah. Lain ketang, lain harga diri, gegedena mah sieun. Sieun katohyan, der we geunjleung. Ka manakeun beunget. Pisakumahaeun teuing wirangna nu jadi anak.

Mindeng eta ge ari semet siligupayan mah. Malah isuk-isuk sok mindeng api-api bebersih di buruan, sanggeus nganteurkeun salaki tepi ka lawang pager teh. Matuh tabuh dalapan kurang lima menit manehna ngaliwat kana sedan pulas hejo alpuket. Tina kaca tukang teh manehna sok unggeuk. Dibales ku unggeuk deui bari nyebut wassalamualaikum. Teu sirikna bungangang hate teh ari geus tepung mah. Asa hararampang ngalengkah oge.

Saptu harita teh. Kuring ngendong di vila kapilanceuk, da aya arisan kulawarga. Salaki jeung barudak mah teu marilu. Ku kuring dihalangan. Ongkoh Si Manehna geus dua minggu teu balik. Ceuk pamajikanana mah nguruskeun proyek di kota nu teu pati jauh ti vila kapilanceuk tea. Sugan we diparengkeun tepung. Diarep-arep tepi ka beres riungan ge, euweuh telepon ti manehna teh. Boa geus balik atawa proyekna di kota sejen. Orokaya nu ngarep-ngarep mah asa nyeri beuheung sosonggeteun. Hape teu lesot dikeukeupeul ka ditu ka dieu ge.

Bada subuh telepon teh disada. Lain. Lain ti manehna, sidik sora Si Cikal. Henteu nitah buru-buru balik, ngan nyaritakeun, sore aya pamajikan Si Manehna ka imah nanyakeun kuring bari rawah-riwih. Si Karti nu apaleun mah, da manehna, cenah, nu mukakeun pantona oge. Gebeg teh. Boa-boa kaboker, kuring mikahayang salakina. Dibuni-buni ge da mo burung kabitur. Sorana da puguh deukeut. Budak teh teu nyarita rek naon-rek naonna mah kaburu ku pahibut marenta oleh-oleh.

Datang teh memeh isa. Lain salaki nu ditanyakeun teh, da nyaho manehna mah tara ka mana-mana. Pasti masih keneh di masjid. Ti magrib ka isa teh tara balik heula. Teu kuat hayang buru-buru nyaho rek naon pamajikan Si Manehna teh make ka imah. Ngontrog kitu? Barudak pahibut murak oleh-oleh, kuring mah ka tukang ngageroan Si Karti. Bari mamake mukena Si Karti diuk dina korsi makan pahareup-hareup jeung kuring.

Mun boga kasakit jajajantung mah moal teu ngajungkel harita keneh ngadenge caritaan Si Karti teh. Sirah asa muter, awak kokoleangan. Sagala rupa rasa pagalo. Meh-mehan ngarumpuyuk mun teu nguat-nguatkeun maneh mah. Kakara harita ngalaman solat tobat. Sujud ge asa embung cengkat. Ngadoa teh lolobana mah nyarekan diri sorangan. Nganaha-naha, ngabongan-bongan. Teu hayang wawuh-wawuh acan jeung lalaki kitu patut mah. Pamajikanana deui, cicingeun teuing. Asa murubut tina awak, sagala rupa rasa nu kungsi sumarambah tea.

Reres solat, nyampeurkeun salaki nu keur diuk di patengahan, lalajo televisi, nyorangan. Tas dahar, da biasa. Si Karti nu nyayagikeun, nembrak dina meja. Datang ti masigit teh tara cucul-cucul heula sok terus we dahar. Tara wanieun ngaganggu kuring, komo kanyahoan keur solat mah.

Gek diuk gigireunana, awak nyende. Leungeunna sina ngulawit kana taktak. Angkanan teh rek nyaritakeun deui dongeng Si Karti. Cenah, Bi Kesih, babu manehna nu nyarita ka Si Karti teh, Si Manehna kapaluruh ku anakna, anyar kawin deui. Eta teh nu katilu, da cenah nu kadua mah, pamajikanana ge apaleun. Imahna sakota keneh. Ari ieu mah nu katilu di luar kota. Kapaluruh ku anakna nu cikal. Mangsabodo teuing ari nyandung-nyandung kitu. Ieu mah samemehna make jeung wawanianan eunteup dina hate kuring.

Teu pok nyarita ka salaki teh. Kalah asa aya nu haneut kana pipi, cipanon sorangan. Teuing cipanon naon ngaranna. Cipanon panas pedah kabogoh kawin deui? Cipanon hanjakal make neundeun hate ka lalaki tukang kawin? Atawa bisa jadi cipanon bagja aya dina panyalindungan salaki. Breh weh ayeuna mah, ieu lalaki sajati mah. Lalaki nu geus karuhan nyaahna. Lain lalaki nu matak tiis tingtrim kana ati. ***

Tidak ada komentar: