Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Minggu, 01 Agustus 2010

Presiden Urang Sunda?

Dina urusan kanagaraan urang Sunda henteu cicingeun, buktina apan rea tokoh-tokoh Sunda nu ancrub kana pamarentahan di tingkat nasional, saperti Otto Iskandar Di Nata, Djuanda, Mochtar Kusumaatmadja jeung sajabana. Kitu deui di tingkat lokal saperti urang Sunda nu ngeusian jabatan gubernur, bupati jeung walikota. Sarua deuih, kaom elite ti etnis sejenna oge saperti urang Minang rea nu aktip ngamudikeun pamarentahan di tingkat puseur saperti Moh. Hatta, Moh.Natsir jeung sajabana. Komo urang Jawa mah, lian ti rea nu ngajabat menteri, apan ngajabat presiden oge geus sababaraha kali. Tapi, kumaha hasilna?Buktina, nepi ka kiwari apan bangsa Indonesia tacan raharja. Jadi, ana kitu, nu penting mah apan lain saukur bisa henteuna ngajabat kalungguhan strategis boh di tingkat puseur boh di tingkat lokal, tapi mampuh henteu mawa bangsa urang ka tahap nu dipiharep, nyaeta karaharjaan jeung kaadilan.

Mun kitu, atuh kaliru kacida mun urang Sunda totorosol hayang geura ngajabat kalungguhan presiden bari jeung teu tatahar kumaha ngaronjatkeun kamampuh sorangan.

Nu penting urang Sunda kudu mampuh ngaronjatkeun ajen manusa-manusana dina sarwa widang saperti dina widang pulitik-pamarentahan, ekonomi-bisnis, manajemen, elmu jeung teknologi, atikan, kabudayaan jeung sajabana. Da ari geus jelas mah katingal ku sarerea urang Sunda ngabogaan kamampuh nu nyongcolang, nya "dengan sendirinya" atuh bakal pada dipikabutuh ku batur. Upamana wae bareto, Gubernur DKI Jakarta Ali Sadikin, apan pada ngaku ku sarerea ngahasilkeun prestasi nu sakitu nyongcolangna.Tah, gubernur nu ngapimilik kwalitas saperti kitu, dina kahirupan pulitik nu demokratis saperti ayeuna, tangtu bakal pada ngareret ku sarerea tur bakal pada milih supaya nyekel jabatan pangluhurna. Jadi, sabenerna mah urang Sunda nu ayeuna keur nyekel jabatan nu strategis saperti gubernur, bupati, walikota, wakil rahayat, pingpinan ormas jeung parpol, hakim, rektor, pingpinan pausahaan, panglima jeung sajabana, tinggal tohtohan wae ngajalankeun pancenna kalayan optimal. Sing tembong komunitas, masarakat nu dipingpinna ngahontal tahap kahirupan nu dipiharep.

Konsolidasi

Jadi, urang Sunda teu kudu gogorowokan dina taun 2014 bakal nyalonkeun kaderna pikeun jadi presiden.Kahiji, polah kitu nembongkeun urang Sunda leuwih ngutamakeun jabatan lain kontribusi nyata pikeun kapentingan bangsa.Kadua, polah kitu nembongkeun urang Sunda leuwih mentingkeun asal-usul etnis lain kwalitas.Da ari milih tokoh pikeun jadi presiden mah apan urang kudu milih " putera Indonesia yang paling baik" ti mana wae asal-usul etnisna. Jadi, proses milihna lain "pokona urang Sunda, pokona urang Minang, pokona urang Bugis jeung sajabana " tapi sacara nasional saha nu panghadena? Keur naon urang Sunda keukeuh nyalonkeun tokoh urang Sunda pikeun jadi presiden, saupama tokoh bieu teh, upamana, sacara nasional henteu nembongkeun kwalitas nu pada mikareueus? Polah kitu mah atuh sarua wae jeung "bunuh diri" sacara pulitis!Bakal pada nyeungseurikeun ku etnis sejen, bakal pada ngadongdolek , tetela cenah urang Sunda teh, dina "kematangan hidup bernegara dan berbangsa" geuning aya keneh dina tahap "primordialistis"!

Jadi, nu penting ayeuna mah urang Sunda kudu ngusikkeun sakur komponen nu aya di masarakat supaya ngaronjatkeun kamampuh manusa-manusana. Pikeun ngahontal ka dinya, sakalian kudu diomean sistem kahirupanana.Ngan sistem kahirupan nu eucreug apan nu bakal ngahasilkeun manusa-manusa nu eucreug. Upamana wae, parpol nu aya di tatar Sunda kudu tohtohan ngomean sistem kahirupan pulitik dimimitian ku jalan ngomean dirina sorangan.Pajabat di pamarentahan , boh eksekutip boh legislatip, kaasup oge yudikatip, sarua kudu ngomean sistem pamarentahanana. Satuluyna ubyag, lembaga-lembaga di masarakat oge saperti ormas, pausahaan, paguron luhur jeung lembaga sejenna giat ngomean sistem kahirupanana supaya bisa ngahasilkeun manusa-manusa nu luhur ajenna.Brasna tina sistem kahirupan di tatar Sunda nu geus diomean, dironjatkeun kwalitasna nya bakal ngahasilkeun manusa-manusa nu luhur kwalitasna. Upama Gubernur Jawa Barat , upamana, nembongkeun prestasi nu sakitu nyongcolangna nepi ka dipikareueus ku batur sacara nasional, malahan sacara internasional, apan piraku henteu pada ngarojong ku sarerea, supaya dina pilpres engke pada milih jadi presiden?

Program

Naha urang Sunda geus boga program nu jelas enggoning ngomean, ngabebenah, ngaronjatkeun kwalitas sistem kahirupan dina sarwa widang ( ekonomi, pulitik, iptek, lingkungan, budaya jeung sajabana ), cindekna ngangkat paradaban, supaya mampuh ngahasilkeun manusa-manusa Sunda nu unggul, nu hade, nu eucreug sarta reugeujeug nu ngahasilkeun mangpaat pikeun kapentingan Indonesia sarta kamanusaan umumna?
Nya ka dinya urang kudu ngupayakeun potensi-potensi nu aya teh ngagulidagna.Mun bener urang boga komitmen sarta tanggung jawab.

Tidak ada komentar: