Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Minggu, 01 Agustus 2010

Nu Diarep-arep

Carita Pondok

Isuk-isuk keneh Tahyudin geus ngagesruk ngasah bedog. Poe eta teh manehna niat rek ka kebon, babad eurih nu ngajejembrung. Geus lima poe teu aya nu ngajak gawe. Sasarina mah boh nu nitah macul atawa nu ngajak babad teh meh teu kaladangan. Ongkoh harita mah maju ka usum halodo, boh di kebon boh di sawah arang langka nu nitah baranggawe.

"Bapana...cikopi tiis manten," ceuk Sumini, satengah ngagorowok.
"Ke heula, kagok" tembal Tahyudin bari tonggoy ngasah parang.

Sanggeus beres ngasah pakakas bawaeun ka kebon, manehna sup ka dapur. Terus nyokot pacul nu ngait luhureun hawu.

"Mana bubuy sampeuna, Mini?" ceuk Tahyudin ka pamajimannana.
"Sampeu mah rek dijieun oyek, itung-itung gaganti beas. Ngopi mah eta bae jeung bubuy cau nangka dua siki. Nyarap mah sakitu ge wareg. Beas mah aya sakobok deui ge jeung nyangu engke sore," ceuk Sumini, ngomongna teh bangun ngaharewos da sieuneun kadenge ku tatangga. Padahal tatanggana teh ukur aya dua imah, kitu ge rada anggang. Ongkoh da eta mah rusiah rumah tangga, teu hade diucah-aceh ka sasaha.

Ti barang pruk kawin opat puluh taun ka tukang, kahirupan Tahyudin jeung Sumini angger euweuh undakna, ukur ripuh jeung ripuh bae. Ku sabab kitu anakna nu tiluan, Kodir, Wartini, jeung Sahidin sarakolana teh ukru nepi ka tamat SD. Sanggeus rarumah tangga, anak-anakna teh arusaha ka Jakarta. Kodir gawe di bangunan bari dituturkeun ku pamajikannana. Wartini sabot keur jadi pembantu rumah tangga, aya nu mileuleuheungkeun. Geus kitu mah pruk dikawinkeun da bisi kacilakaan. Salakina teh jadi tukang kuli panggul di Tanjung Priuk. Sedeng Sahidin mah jadi supir angkot di daerah Tanah Abang. Ngaraning hirup di Jakarta, tina ladang gawe kasar teh boro-boro bisa kajieun imah, ku bisa dahar jeung make ge geus kawilang untung. Keur sare mah cukup ku ngontrak imah petak ukuran tilu ka dua meter. Nu penting mah kitu bae asal aya keur nyangkoyot.

"Bapana, jung bae ti heula rek ka kebon mah, kuring mah nyusul" ceuk Sumini bari ngelek ceceting rek ka pancuran lebakeun imahna.

Memeh indit Tahyudin ngilinting heula roko tina daun kawung. Bakona bako mole meunang mesen ti Ki Sanhuri nu sok masar di Cicangkal. Sanggeus diseungeut peledug haseupna ngebul minuhan ruang dapur nu ngan sacangkewok. Geus kitu bako katut daun kawungna dibebeskeun kana pesak baju kampret hideung, hiji-hijina baju dines paranti ka leuweung. Terus manehna manggul pacul kameumeutna bari terus nonggoh muru kebonna di Pasiripis.

"Mang Udin, geuning BLT teh can datang keneh bae, nya?" ceuk hiji sora nu teu katembong jirimna. Tahyudin luak-lieuk ka sisi ka gigir. Barang breh...
"Haram jadol teh, ku naon maneh bet ngareureuwas ka dewek?" cek Tahyudin bari reg eureun.
"Tuda Mamang mah ari leumpang teh mani husu pisan" cek Kujang bari tonggoy ngarit ngahanca jukut nu meh parerang.
"Husuna mah aya nu keur dipikiran, tuda" tembal Mang Tahyudin bari gek diuk dina hurunan baralak. Taksiran mah eta teh bogana Kujang.
"Husu keur mikiran naon kitu, Mang?" Kujang can ngartieun jalan pikiran Tahyudin.
"Lah sok pura-pura... di dinya ge kawas teu butuh bae," cek Tahyudin ngomongna dibalibirkeun.
"Heueuh Mang, nu dipikabutuh teh pan lain ngan sarupa bae, kayaning beas, minyak sayur, minyak tanah, deungeun sangu... kitu deui bako ge perlu deuleu..." cek Kujang bangun kumetap nempo Mang Tahyudin udud bako seungit mani kaambeu ka beh jauhna. Aroma bako teh kaambeu seungit tina haseupna nu kabawa angin.
"Kadieu geura...!" cek Mang Tahyudin ngajak Kujang sangkan nyampeurkeun.
"Aya naon, Mang?" cek Kujang bari gek diuk gigireun Mang Tahyudin.
"Pek, tah rek ngaroko mah" Mang Tahyudin ngaluarkeun bako tina pesak kampretna.
"Kabeneran, puguh geus hararaseum ieu teh" cek Kujang bari terus ngalinting.
"Ti tadi ge Mamang teh keur mikiran BLT nu can datang keneh bae. Nempo dina tivi di warung Bi Salmi mah, geuning BLT teh di daerah batur mah geus dibagikeun. Nu karunya mah nini-nini pasedek-sedek jeung baturna, geus kitu kaluluh ku baturna keneh, nepi ka henteuna... Pikeun pantar urang mah duit dua ratus rewu teh gede pisan mangpaatna. Pan ari urang geus nyekel duit mah, sing hayang meuli naon bae oge pasti kalaksanakeun. Lain kitu, Jang?" ceuk Tahyudin ngomong ka Kujang nu sarua pada-pada sok narima BLT.
"Puguh enya, Mang. Sedeng kuring di imah teh geus teu boga beas. Rek nginjeum ka mitoha isin da nu bareto ge can bayar. Pan ari ngaraning budak mah teu nyaho euweuh..."
"Kawas nu ngecom puguh, Bibina ge tadi teh nyarita boga beas sakobok deui ge can disangu ieuh. Cenah mah keur sangueun engke sore." tembal Tahyudin bangun manghariwangkeun.
"Kumaha atuh kuring, nya Mang...?" cek Kujang bangun makumaha dumeh di imahna bener-bener geus teu boga beas pikeun isuk. "Ari keur engke sore mah aya sangu aron, nu penting mah anak samata wayang ulah nepika sampe kalaparan"
"Sabar bae atuh, Jang. Susuganan isuk jaganing geto aya Pa Erte ngabejaan, yen duit BLT geus aya di Kantor Pos.
"Ieu kuring nyarita teh ukur ka Mamang, ongkoh geus teu asa jeung jiga deuih. Ka Mamang teh geus asa ka kolot sorangan. Kumaha mun..." Kujang ngomongna teu diteruskeun bangun dareuda.
"Heueuh sing baleg atuh ngomong teh, tong asa-asa! Jeung deui... eta buru-buru susutan cimata bisi katempoeun ku batur. Ngerakeun lalaki epes meer mah..." cek Mang Tahyudin bangun watireun.

Kujang gura-giru nyusutan cimata nu ngalembreh mapay pipi. Geus kitu manehna ngahuleng, sabab kekecapan nu rek dikedalkeun teh nyelek dina tikoro. Tapi untungna Mang Tahyudin surti. Sanajan Kujang teu kungsi ngedalkeun maksudna, manehna geus bisa ngarampa, yen Kujang teh butuheun beas pikeun maraban anak-pamajikannana.

"Kieu bae atuh nya, ayeuna Mamang rek ka Pasiripis heula. Balik teh muru lohor ka imah. Bada lohor ku Mamang ditungguan di imah. Pek tah nyewol bako keur ududeun ari teu boga mah, sakalian daun kawungna parokeun." ceuk Mang Tahyudin, ngomong ka Kujang bangun watireun. Ongkoh geus asa ka anak, da umurna teh sarua jeung Si Cikal.
"Nuhun, nya Mang," sora Kujang dareuda.

Geus kitu mah Tahyudin nikreuh ka tonggohkeun. Bari nanjak manehna teu weleh milu mikiran kahirupan Kujang nu ripuh alah batan manehna. Padahal mitoha Kujang teh, enya kolotna Nyi Jumsih, di lembur Ciparakan mah kaitung jelema jegud. Tapi lantaran Si Kujang sok mindeng nipu ka mitohana, ayeuna teh ku mitohana satengah diantep. Di dituna mah ngawarah meureun. Nu dimaksud sangkan kalakuan minantuna aya parobahan, ulah nipu jeung nipu wae. Sok saleuheung mun ka kolot sorangan, ieu mah nipuna teh ka batur deuih. Atuh kolotna ge milu kababawa. Geus kitu mah kolot teh milu wirang. Tapi dasar Si Kujang, adat ka kurung ku iga jaba kandel kulit beungeut, urusan tupa-tipu mah nepi ka kiwari ge teu eureun-eureun.

Sadatangna ka kebon Tahyudin reureuh heula sakeudeung di saung nu hateupna ku eurih. Terus ngadurukan meuleum tapas nu gararing. Ti jero saung katembong haseup ngelun. Teu pati lila lus-les laleungitan kabawa angin.

Manehna kaluar ti jero saung bari manggul pacul. Kitu deui parang anu seukeut teu poho dibawa. Memeh babad eurih nu satangtung, manehna ret kana tangkal cau nangka tukangeun saung. Malum dina urut ngadurukan melakna teh, turuyan cau nangka teh mani ngabengkot bangun beurateun. Untung ti anggalna keneh geus didogong. Mun teu kitu mah pasti geus rubuh.

Keur kitu ras deui ka omongan Si Kujang, yen manehna teu bogaeun beas keur isuk. Puguh matak watir ngadenge omongan Si Kujang teh. Mun kongang mah jigana manehna teh rek ngomong kitu meureun, "Mang, kuring tulungan beas, bisi anak kuring teu dahar...," tapi teu kedal, teuing era teuing heurin ku letah. Watir puguh ge. Tapi da bonganna ieuh, sok daek nipu ka kolot. Geus kitu mah ku kolotna dilurjeunkeun....

Sanggeus nuar cau, Tahyudin terus babad meh meunang sapetak. Geus lieuk beuheung sosonggeteun, pamajikannana lebeng teu daek pucunghul. Barang tanggah, geuning panonpoe teh geus rek manceran. Memeh mulang hanca babadan teh terus diduruk. Geus hurung mah cul bae ditinggalkeun. Ceuk pamikirna moal mapay ieuh, da ngahaja digundukeun.

Cau nangka ditanggung, dilayanan pacul jeung parang. Suluh balukang mah teu dibawa ieuh, da di imah ge suluh mah loba keneh. Teu mangkuk sabaraha lilana manehna geus nepi ka imahna dina golodog kasampak Kujang keur ngadaweung kawas nu keur ngalamun.

"Henam ka jero atuh, Jang!" ceuk Mang Tahyudin bari ngecagkeun babawaan.
"Kajeun Mang, di dieu bae," tembal Kujang bangun nu sararedih.
"Ti tatadi ge dititah asup, ngan... teu daekeun," tembal Bi Sumini ti dapur.

Memeh salakina nanya, Sumini ngomong kieu, "Bapana, teu nuturkeun soteh pan ieu keur nyieun oyek, bisi teu buru-buru kabeuli beas," pamajikannana satengah ngaharewos. Di dituna mah sasadu meureun.

"Yeuh, emana dengekeun...beas nu sakobok teh bikeun bae ka Si Kujang. Ke mun meunang BLT dibayar, cenah." cek Tayudin, ngaharewos ka pamajikannana.
"Ari urang, engke sore rek dahar naon?" tembal Sumini ku harewos deui.
"Keur urang mah, tuh jual cau nangka ka warung Si Salmi. Ceuk taksiran limalas kilo mah aya. Mun sakilona payu sarebu ge, limalas rebueun. Tong menta duit, langsung bae tukeurkeun kana beas jeung balanjaan sejenna." ngaromongna teh kitu bae patingharewos da sieuneun kadenge ku Si Kujang nu diuk dina golodog.

Sanggeus ngartieun mah teu loba carita, Bi Sumini terus ngawadahan beas nu kari sakobok deui. Sup diasupkeun kana keresek urut balanjaan. Geus kitu manehna ngahuleng sakedapan. Leos ka sepen rek nyokot cau nangka nu tinggal butitina. Terus disemplekkeun. Nu sabeulah sikat diasupkeun kana keresek beas, sedeng sabeulah deui mah diteundeun jeung lalawuh engke peuting.

"Jang, erepkeun atuh kopina!" cek Bi Sumini bari neundeun keresek gigireun Kujang.
"Atos, Bi. Nuhun, nya" tembal Kujang bari ngajiwir keresek.
"Heeh, jung geura nyangu bisi budak lapareun," tembal Bi Sumini bari ngaleos ka jero.

Tahyudin mah harita teh keur nyikatan cau di tukang. Keur kitu torojol Surhaip ngajingjing keresek badag. Eusina mah mani metet, teuing naon.

"Mang Udin, ieu aya rejeki ti Haji Makbul," cek Surhaip bari neundeun keresek hareupeun Tahyudin nu keur meresan cau.
"Nuhun atuh...jajakallohu hoeron kasiron...," cek Tahyudin bungah naker.

Keur Haji Makbul mah geus hiji kabiasaan, mun meunang rejeki ti anakna nu di kota sok dibagikeun deui ka anak buahna, utamana mah nu sok garawe.

"Eh...kade poho, isuk teh urang kudu maracul di Cipamurutan, cenah mah jeung melak suuk," cek Surhaip ngabejaan yen isuk kudu maju gawe.
"Alhamdulillah...," cek Tahyudin bangun bungah pisan. Puguh eta nu diarep-arep ge, malum geus lima poe teu aya nu ngajak gawe.

Kakara Surhaip indit, torojol Pa Erte Sumadi bari sarangah-serengeh.

"Aya naon Pa Erte, sarangah-serengeh kitu...?" Tahyudin rada curiga.
"Ringkesna bae lah, isuk boh pageto sakur nu meunang BLT kudu indit ka Kantor Pos. kade poho Kartu BLT-na bawa, jeung KTP deuih...."
"Alhamdulillah..." cek Tahyudin, mingkin bungah bae.

Heueuh nya, mun keur apes kadang hayang ngaroko ge hese beleke. Kitu deui boh beas boh duit, ari keur kutud mah angger bae euweuh. Tapi geuning Alloh mah Maha Uninga, geus nepi kana waktuna mah sagala oge datang sorangan... Geura bae, poe ieu teh pira ge nulungan beas ka Si Kujang, teu loba ngan sakobok, ari torojol teh gantina leuwih ti sakitu...

Tas solat asar Tahyudin terus ngabejaan Si Kujang, yen BLT nu diarep-arep teh isuk tinggal nyokot di Kantor Pos.

Tidak ada komentar: