Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Kamis, 21 Mei 2009

SONO KA LEMBUR

EMA

ma…..
geuning tingtrim teh teu pasini
cangcaya sakapeung atra
sigana
mung lembur nu baris jadi paniis

mung hanjakal Ema,
abdimah narah mulang ka Nusantara
embung balik ka NKRI
da hayang teh
mulang ka Pasundan
ka Parahyangan

seja mulang pedah tibelat ka “Rumingkang”
seja bakti ka pancaniti jeung lemah cai
hayang geura bruk-brak beja
cacarita rendaan cara lalaki langit lalanang jagat
Jaya Perkosa

kantos abdi tumaros
naha hanjuang beureum masih anteb
na tatapakan kuningan asri
nu bakal kasampeur di hareup

Ema,
mun enya teh abdi mulang
hayang dipapag ku jatining asri
ku seungitna kaemasan ki Sunda

Tidak ada komentar: