Yendi Widya Kota Bengkulu Bunga Rafflesia Bunga Raflesia Kawan Kawan Kawan Yendi ASSALAMU'ALAIKUM WARAHMATULLAHI WABARAKATUH WILUJENG SUMPING

Kamis, 21 Mei 2009

DAWALA PELOPOR PENDIDIKAN MASSA


DESA TUMARITIS.--Kyai Semar Badranaya, nya Ki Lurah Kudapawana katempo ngahurun balung siga anu bingung: masyarakat parantos robih! Desa Tumaritis mulai lugay tumuju kahirupan anu dinamis. Benten ti padusunan jaman baheula, desa-desa anu kabanda dina statisme sistem tradisi. Tumaritis usik-malik pinuh ku pamotah.

Bareng sareng murcana Ki Dewala, dongkap Begawan Dawala anu super-mbeling midamel gara-gara. Benten ti Ki Dewala dina gara-gara anu sok pinuh ku banyol-konyol, Begawan Dawala ngadamel gara-gara ku nyangcangkeun kahirupan anu B3B (bebas tilu buta). Hasilna masyarakat Amarta janten palinter sareng nyarakola tanpa ngimpor mahasiswa KKN sareng DPL gombalna ti Universitas Sokalima. Sanaos kitu, masyarakat anu palinter-nyarakola eta teu leupas tina masalah anu dipayunanana. Malah kajadian ayana wabah anyar anu kakara jadi wabah. Ayeuna anu sarakola parantos janten "polusi" anu janten bibit rurujit epidemi intellectual deficiency! Polusi anyar dina masyarakat modern anu sacara langsung janten rurujit super negatif kana kahirupan manusa.

Polusi sareng epidemi eta tetela ngembang boled sanes akibat corobong haseup sareng runtah industri baja, pupuk, atawa naon wae anu sok janten kokotor lingkungan; nanging, akibat runtah industri pendidikan eta sorangan, anu diaku atawa henteu janten cecemar! Sahenteuna kitu miturut Begawan Dawala. Ku rasa bari jeung risi mantenna netelakeun industri pendidikan: miturut mantenna, teu aya kasaimbangan anu harmonis antara mesin-mesin dina tiap undakanana; akibatna produk-produkna teu aya anu tepat guna. Janten, teu aya produk anu siap pake! Sagedengeun ti eta, industri pendidikan pinuh ku kaborosan! Ilahar pare sa-ton, anu janten beas ngan sakilo, sareng ahirna ngan janten sahuap sangu. Sanesna janten runtah produksi industri pendidikan eta sorangan! Upami runtah eta teu geuwat diurusan, ahirna janten polusi, sareng janten bibit rurujit epidemi intellectual deficiency. Leuwih bahaya tina wabah sampar a la La peste Albert Camus. Begawan Dawala imut-emut.

Leres upami industri pendidikan parantos tiasa nyiptakeun selera intelektual. Sistem mekanismena maksa ayana pangolahan produksi anu nyambung. Sareng ironisna, kaluar tina eta sistem ngandun harti nyepetkeun polusi; sareng deui upami eureun hartosna deficiency dadakan; padahal upami terus neraskeun malah janten kronis! En vano ni hablar de eso--saur Begawan Dawala ngangge basa Don Juan.

Ku teuteup anu lebet tur seukeut Begawan Dawala nonton pintonan masyarakat. Sadaya upaya kangge menggak polusi sareng epidemi eta parantos loba dipidamel, sanaos ngan saukur raramean. Jalmi-jalmi anu formal gura-giru ngalegaan sareng ngaluhuran "wangunan industri pendidikanna". Jalmi-jalmi anu non-formal sibuk masarkeun mesin pendidikan anu portable. Di lingkungan informal sorangan sibuk milarian ubarna.

Miturut Begawan Dawala, jalmi-jalmi anu model kitu parantos salah midamel diagnosa; sareng akibatna parantos nyuntikkeun obat anu salah. Mala-praktek pendidikan anu teu tiasa disinglar! Polusi ngan dipocorkeun ka tempat lain, sedengkeun intellectual deficiency ngan diubaran ku intellectual fallacy! Pikareueuseun pisan.

Salaku warga nagara Amarta anu sae, Begawan Dawala teu cicingeun pisan. Mantenna eta panongton anu panungtun! Kukituna mantenna geura nepangan Kyai Semar.

Di bumina anu saderhana, Kyai Semar lugay tina emutanana. Mantenna nyaketan Cepot sareng Gareng.

SEMAR: Jang, naha ilaing teu nyaho kamana si Dewala inditna?

CEPOT: Teuing, Pa!

GARENG: Nah--manage… anak menta sakola teu diturutan. Kang Udel pan nekad minggat!

SEMAR: Naa beut nyalahkeun aing! Dewekna anu teu bisa dipepelingan. Ulah maksakeun awak asup ka paguronn luhur, komo deui anu saukur nangtung.

GARENG: Tapi, Pa, ayeuna teh pan jamanna jalma sarakola. Masya Bapa menega nalantarkeun para putra katinggalan jaman. Coba tingali Kang Cepot anu buta huruf, aya KAD--koran asup desa--manehanana ngan bisana cuma nempo gambarna wungkul. Lulus B3B oge kakara kamari sore. Pikarunyaeun!

CEPOT: Hihina-nista!

GARENG: Sanes ngece jeung ngahina, eta kanyataan! Batur sibuk nyalon kades sareng milari padamelan anu mbonapide en kualipeot, Kang Cepot kamana-mana mamawa pacul--kerja baaakti wae!

CEPOT: Naaa pan aing mah abdi-negeri anu baleg.

GARENG: Enya upami keridanna eucreug, wong Kang Cepot mah milari daharenna wungkul.

Teu ampun deui Cepot ngayunkeun keupeulna. Gareng udah-aduh.

SEMAR: Hehehe… malah ribut-gelut! Kerja bakti teh penting. Urang jalma leutik anu bisana macul nya keridanna ku pacul. Bapa oge anu pak lurah teu saukur nitah wungkul. Turun-tangan eta perlu! Naha dumeh pamingpin, gawena ngan eta-itu wungkul! Nya--henteu atuh!

CEPOT: Nah! Bener, Pa!

SEMAR: Jig teangan si Dewala!

GARENG: Turun-tangan, Paaa!

Semar imut.

CEPOT: Wah--teu sanggup, Pa. Kamana neanganana? Ka gunung sieun linglung, ka kota sieun nyasar!

GARENG: Kamfungan pisan nya! Abdi mah katimbang milari Kang Udel anu teu tangtos dunungna, mending milari duit! PTS pan nuju panen gede-gedean. Abdi tiasa milu manen.

CEPOT: Moal bisa! Eta mah musim panenna para cendekiawan. Sia mah es-em-a oge teu tamat-tamat.

GARENG: Salah! Anu gaduh panen memang cendekiawan, anu dipanen esak mahasiswa, anu kalabakan keuna panegel nya kolotna! Sareng anu ngagali pondasi kangge kampus mewah tapi miring tea, nya, urang.

CEPOT: Weee geus loba mesin. Sanggup sia saingan jeung mesin?

GARENG: Nya kapaksa jalmi produk abad teknologi kedah tiasa saingan sareng mesin. Teknologi teu saukur ngadamel robot, nanging oge ngarobotkeun manusa. Semangkin janten robot, manusa semangkin kapake dina alam teknologi. Tibatan panangan-kosong otak-kopong! Enya--Henteu?

Saharita Begawan Dawala lebet kana lawang panto.

DAWALA: Sampurasun.

SEMAR: Rampes! O, Ki Dawala, Mangga ka lebet.

DAWALA: Hatur Nuhun, Kyai. Kieu, Kyai. Abdi turut prihatin ningali gejala anyar anu ninggang kana masyarakat urang. Saparantosna masyarakat bebas-leupas tina panyawat tilu buta; kiwari muncul polusi pelajar sareng wabah intellectual deficiency. Mayunan kaayaan anu model kitu, naon anu kedah dipidamel, Kyai?

Kyai Semar kaget-monyet. Mayunan masalah anu model kitu, mantenna teu tiasa tumindak anu sanes kajabi balik kana jati-dirina.

SEMAR: Eta memang risikona. Urang teu tiasa nyalahkeun saha-saha. Industri pendidikan terus jalan teu tiasa dieureunkeun. Hiji-hijina jalan kanggo nyalametkeun industri eta sakadar kumaha cara nyupiranana. Bade diarahkeun ka mana industri pendidikan urang?

DAWALA: Justru eta anu ngawatirkeun, Kyai. Tripusat pendidikan oreg lantaran teu saimbang di ditu di dieu. Prof Dr Arjuna, Mendiknas Amarta, kawalahan malire industri pendidikan formalna. Gedung industri eta memang saluhur langit, tapi mutuna ngan saluhur mumuncangan; canggih di manara-gading, tapi loyo di lapangan; tur kasenjangan oge beuki ngajadi jurang. Produk industri pendidikan beuki tebih tina salera pasar. Biaya produksi leuwih ageung tibatan harga jual produk-produkna, anu teu jarang sia-sia. Ahirna industri eta janten konsumtif pisan kana bahan baku anu saukur kanggo ngadamel kamubadiran!

Cepot sareng Gareng ngjentul huleng teu mudeng.

SEMAR: Lajeng maksad Ki Begawan kumaha?

DAWALA: Perlu diayakeun deformasi!

Kyai Semar ngagebeg-gegedeg. Begawan anu hiji ieu memang multi-radikal!

SEMAR: Abdi mafhum--Ki Begawan henteu ngan sakadar ngomong, nanging ulah ngalawan sistem!

DAWALA: Deformasi sanes ngalawan sistem. Deformasi ngarupakeun paradigma anyar. Parantos wancina Amarta ngawangun pendidikan massa. Dinamika sosial parantos nimbulkeun masyarakat massa anu beuki ngokohkeun budaya-massa. Dina kaayaan anu model kitu bade leuwih kebat deui tuwuh-kembangna informasi-massa. Dina pendidikan massa, peranan informasi-massa mutlak pisan salaku mahaguru-massa.

GARENG (ngaharewos): Ngartos henteu, Kang?

CEPOT: Teuing!

SEMAR: Naha eta tiasa dijalankeun kitu?

DAWALA: Tangtos! Tinggal ngantosan dongkapna mahaguru-massa, anu ngadidik massa ngangge kahebatan informasi-massa. Kanggo ngawujudkeunana media-massa oge moal bakal leupas tina deformasi! Beuki kultural edukatif eta, beuki kapercanten janten letah mahaguru-massa. Dina hiji wanci anu mustari deformasi informasi bakal ngarobah dunya!

GARENG: Jiga revolusi nya?

DAWALA: Deformasi sanes revolusi! Revolusi anu model naon wae ngan nyanggakeun kapalsuan anu nipu. Revolution is just a mere culture of human-pigs! Revolusi sakadar omong-kosong!


"O!"


SEMAR: Amuing-amuing!--Lajeng kumaha ubarampe kangge nangtungkeun pendidikan-massa eta?

DAWALA: Mimitina, ngayakeun deformasi informasi-massa kangge ngawangun BSIM--badan sensor informasi-massa. Hideung-bodasna pendidikan-massa gumantung kana kacanggihan BSIM. Lajeng, perlu ngawangun BPIM--badan pemandu informasi-massa. Dina badan eta lalu-lintas informasi diatur mekanismena; supaya haluan pendidikan-massa tiasa diarahkeun saluyu sareng tujuanana. Nah!--namung ku pendidikan-massa anu model kitu polusi pelajar sareng sadaya eksesna, sareng panyawat intellectual deficiency tiasa diatasi. Sagedengeun ti eta, eta tiasa nangtoskeun eksistensi budaya-massa di jaman isukan.

SEMAR: Nya gumantung kumaha praktekna. Pan praktekna teh teu sasederhana teori? Mindeng "teori agung" robih jadi "keji" dina praktekna. Sajarah parantos loba nyatetan kajadian anu model kitu. Sareng tangtosna Ki Begawan sorangan mafhum kana perkawis eta. Kumaha dunya diwalagar ku Jalma Konyol Uber Alles, puluhan juta manusa dibantai demi kaulinan human-pig, sareng manusa laun nanging pasti disanghareupkeun kana The World Lost.

DAWALA: Leres, Kyai. Deformasi ieu anu mibanda kakiatan maha-dahsyat kangge ngahontal The World Regain. Pendidikan-massa bakal ngabuktoskeun yen elmu teu aya dina kamewah-megahan gedong anu aya manara-gadingna, nanging ayana dina kakawasaan informasi! Eta sababna pendidikan-massa majengkeun pisan deformasi informasi. Tanpa deformasi informasi, pendidikan moal eksis!

Gareng bingung-linglung. Cepot sare kerek.

SEMAR: Abdi saluyu! Pendidikan-massa leuwih mihak kana kapentingan balarea; sanes kanggo ngawangun sikap intelektual anu sok elit. Nyata hiji cita-mulia! Mugi-mugi isukan bakal lahir cendekiawan-massa. Sareng daek atawa teu daek, elit-intelektual bakal kagusur ku waktu kacandak ku mangsa kagiring ku wanci. Perkawis ieu bakal kajadian ku soranganana; sanes lantaran kapaksa siga kagusurna kaum marginal di daerah slums. Pelajar marginal oge teu perlu jadi polusi. Malah, Ekalaya, Socrates, Ivan Illich, sareng anu sa-archetype go ahead!

DAWALA: Leres, Kyai. Sokalima salaku kota megapolitan pendidikan teu becus naon-naon! Naon hartosna intelektual upami ngan saukur silent intellectuals? Keur naon ngalangitkeun manara-gading anu beuki miring? Teu aya hartosna, intelektual anu eksis kangge awakna sorangan wungkul! Intelektual an sich teu leuwih tina tai ucing! All we need now are intellectual being-for-others: mass-intellectuals.

Kyai Semar imut mafhum. Kaayaan Begawan Dawala di desana lir purnama dina peuting poek mongkleng. Kyai Semar, salaku pawongan anu dipercanten di Amarta, buru-buru ngalaporkeun pangersana Begawan Dawala ka Mendiknas Amarta--Prof Dr Arjuna. Mimitina, pendidikan-massa ukur dianggep sistem pendidikan anu non-sense! Nanging Prof Dr Nakula, Menpen Amarta, benten anggepanana. Pendidikan-massa ngarupakeun sistem pendidikan anu canggih, anu di lebetna, panerangan janten leuwih eksis. Miturut Menpen Nakula, pendidikan-massa oge sanggem ngubaran budaya squealer dina panerangan. Demi kapentingan eta, Menpen Nakula sayagi nampi pendidikan-massa. Malah sanaos Prof Dr Arjuna tetep teu saluyu lantaran fanatik pisan kana sistem pendidikan versi Sokalima, Prof Dr Nakula bade ngalebetkeun pendidikan-massa kana departemenna. Ahirna, saparantosna faham pisan Prof Dr Arjuna oge saluyu-mantep.

Kocap-kacarita pendidikan-massa ngadeg di nagara Amarta. Akibatna astaga-luar-biasa! Rakyat Amarta janten leuwih pinter sareng nyakola dibandingkeun sareng nagara mana oge. Nagara Astina anu bangga-balaga boga kota megapolitan pendidikan Sokalima janten katinggaleun sanes lantaran ku kabodoan, nanging lantaran sarwa katilar dina nuturkeun kamajengan pendidikan-masa di Amarta.

Ternyata BSIM tiasa janten kelep tanas nagara Amarta. BSIM migawe kokoh kakiatan hankam sareng Jendral Bima, Menhankam Amarta, ngiring ngalokasikeun dana persenjataanana kangge dana informasi demi pendidikan-massa. Di widang anu sanesna, BPIM sanggem midamel informasi-massa janten komoditas ekspor dina lalu-lintas informasi-massa internasional. Menristek Amarta, Prof Dr Ir Sadewa kasengsem ningali kacanggihan teknologi informasi BPIM anu sanes ngan saukur tiasa ngadeteksi informasi ti sareng ka sadaya juru dunya, nanging oge sadaya juru jagat pramudita. Pangab Jendral Gatotkaca gumbira kana eta kaayaanana BPIM, anu nyatana mibanda kahebatan spyforce anu tebih leuwih canggih tibatan agen-rahasia mana wae. Amarta teu perlu deui nyulundupkeun James Bond-James Bond-na anu sok nyewek wungkul dina operasi-operasina.

Begawan Dawala imut-emut. Mantenna teges-tandes nolak waktu rektor Universitas Sokalima Prof Dr Durna nguleman mantenna kangge masihan jujuluk Doctor Honoris Causa ka Begawan Dawala. Sikap eta dianggep hinaan ageung kangge Astina. Leuwih-leuwih waktu First Lady Astina, Ny. Banowati PhD, maksa Presiden Duryudana pikeun ngalakukeun perestroika total kangge Nagara "Tirai" Astina. Lantaran teu digubris, Banowati anu doktor filsafat tea nekad minggat nepangan Begawan Dawala. Guguru elmu panemu.

Waktu Banowati naroskeun naha Begawan Dawala eta aya, sareng tenang-wenang Begawan Dawala ngandika, "I deform, therefore I exist!"

Tidak ada komentar: